děmi goenana mijn teh nja eta paranti noetoep djalan kapal. Dina waktoe neundeunna atawa dina waktoe ngangkatna koedoe ati-ati pisan, sabab koe ngagětroek atawa paketrok saeutik bae oge mijn teh bisa nga bělědoeg. Koe sabab eta, dina waktoe ngangkat mijn, biasana anoe dipake teh nja eta parahoe laleutik anoe teu sakoemaha beuratna, těgěsna anoe teu sakoemaha kalěmna; ari dipigawena koedoe dina keur hade poëna djeung dina waktoe ombak keur lělěr.
Kapal pamasang boerang, biasana sok ngabarogaan mariĕm laleutik-leutik bae mah, ari goenana nja eta keur pĕrdjagaan.
Sadjabana ti ngabogaan kapal-kapal pĕrang. Marine teh ngabogaan kapal oedara deuih, tapi ieu mah misah deui golonganana. Děmi gawena eta kapal-kapal oedara teh aja doea roepa: kahidji, pikeun nalingakeun kaajaanana moesoeh djeung ngabedjakeun pamanggihna ka kapal pĕrang boh koe pitoeloeng radio boh koe soerat dialoengkeun ti lochoer. Kadoea nja eta pikeun ngaroeksakkeun kapal-kapal moesoeh noe galĕde koe ditinggangan koe torpero atawa bom. Sarerea oge moal aja noe bireuk kana kagantjanganana kapal oedara teh, djadi pantes pisan oepama dipake keur njoesoel moesoeh. Koe lantaran dimana oerang arek ninggangkeun bom teh koedoe aja di saloehoereun moesoeh, djadi gěde oge bahlana kapal oedara teh. lantaran moesoeh oge moal tjitjingeun oenama dioengkoelan koe kapal oedara lawanna, tangtoe ngabedilanana koe mariěm paranti ngabědilan kapal oedara. Běněr ngabědil kapal oedara teh hese, těrěsna arang keunana, tapi ana keuna nadjan saeutik toer teu sakoemaha karoeksakanana, eta kapal oedara teh tangtoe ragragna. Koe sabab eta anoe ngadjalankeun kapal oedara koedoe dialma anoe gĕde wawanenna anoe tara goegoep atawa kasima dina waktoe adoa hareupan djeung moesoeh, da koedoe sapĕrti dina waktoe keur diadjar bae.
Děmi bengkel těmpat ngomean djeung ngoeroes kapal-kapal ajana di Soerabaia. Dina eta bengkel aja tămpat toekang kai, toekang beusi. toekang pakakas, goedang dinamit dieung těmpat niieunna, těmnat torpedo djeung sadjaba ti eta. Děmi bengkel djeung tempat kapal oedara Marine, aiana di Moeara Krambangan, nia eta di hidji tempat noe ajana di antara Gĕrěsik djeung Soerabaja.
Djadi pagawe Marine teh lain ngan di kapal bae digarawena