Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/342

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teh, tapi noe di darat oge tea koerang. Di antara eta pagawepagawe tea loba oge oerang Priboemina.

Baroedak Priboemi anoe ngarora keneh, noe oemoerna ti antara 15 djeung 21 taoen, sarta geus kalaloear ti sakola-sakola H. I. S., schakekhool, ambachtsschool djeung kaloearan sakola kĕlas doea, bisa katarima pikeun digawe gĕnep taoeneun kalawan meunang primi gĕdena f 200 .— Mimitina maranehanana teh disakolakeun di Makasar lilana sataoen, sanggeus kitoe toeloej digawekeun di kapal. Oepama geus aja panĕmoena, maranehanana meunang milih-milih pikeun diadjar saro3 pa patjabakan; kitoe oge lamoen bisa bĕnĕr ngomong basa Walanda. Sanggeus maranehanana digawe 20 taoen lilana, pada barogaeun hak pikeun pangsioen, ari gedena 50% tina gadiih anoe panoetoep. Doea taoen saka’i maranehanana dibere pĕrlop pikeun baralik ka lĕmboerna. saboelan lilana, tarta ongkos-ongkosna tea ditanggoeng koe Goeperrèmen.

Gaduh matros mimitina f 24.— saboelan, sĕtoker f 37.50 naek naek nĕpi ka f 70- nadjan maranehananana henteu naek kana rangkat noe leuw>h loehoer atawa teu njaraho karri hidji patjibakan anoe tangtoe oge. Demi pikeun ano? njaraho kana hidji patjabakan mah toer pintĕr deuih, gadjihna teh bisa nĕpi ka f 300.— saboelan.

Oepama oerang hajang digawe di Marine gampang pisan, geura datang bae ka prijaji B. B. anoe deukeut ka lĕmboer oerang. Sanggeusna badan oerang dipariksa koe doktor pikeun saheulaanan, toe-loej dikirimkeun ka commies anoe kapapatiran narima pagawe Marine di Weltevreden, Soerabaja atawa Makasar.

Oepama katarima, anoe rek asoep djadi pagawe Marine teh koedoe mawa soerat idin ti kolotna djeung soerat knterangan ti poelisi anoe maksoedna nĕrangkeun jen eta boedak hade kalakoeanana. Dimana geus asoep (geus nekĕn sarta geus diasospkeun kana stamboek), toeloej dikirimkeun ka sakola matros di Makasar. Sanggeus meunang sataoen di eta sakola. manehna dibere pĕrlop 14 poë lilana bisi haiang nĕpoengan kolot-kolotna. Demi primi anoe f 200.— tsa, dibajarna sanggeus datang ka Makasar f 125.—. ari sesana noe f 75.— deui, dibikeunna ĕngke dimana arek pĕrlop anoe mimiti.


- 261 -