e. ELMOE PALAK

Pandjang mana goerat a. b. djeung goerat cd?
Pandjang goerat c d, lain?
Tjoba oekoer! Ih, bět saroea geuning! Koemaha noe matak kitoe? Tangtoe aja sababna mah, tapi lain rek něrangkeun eta, noe dimaksoed koe sim koering mah, ngan sakadar rek noedoehkeun, jen panon oerang teh, radjeun oge ngabobodo. Dina alměnak Soenda taoen 1923 aja gambar noe kitoe teh, dikoempoelkeun djeung bangsana.
Djaba ti eta, rea deui titingalan noe teu tjotjog djeung boektina teh. Geuning ari oerang aja di djěro kareta api noe ieirmpang, lamoen di gigireunana aja kareta api sedjen, noe tjitjing, bět asa kareta api noe ditoempakan koe oerang, anoe tjitjing teh. Kitoe deui tatangkalan, noe kaliwatan, katingalna laloempatan. Kapal oedara noe keur ngalajang di mega malang, katingalna leuwih leutik manan papatong noe pasoeliwěr di boeroean, siraheun oerang. Eta kabeh djadi tanda, jen panon teh sakapeung mah oelàh dipěrtjaja teuing.
Lamoen ngoelik elmoe palak, oerang koedoe tělik pisan nělěk-nĕlĕkna, masing bisa ngabedakeun, mana paningal sadjati, djeung mana paningal palsoe.
— 282 —