Elmoe palak (elmoe bentang atawa astronomie atawa cosmo graphie) teh nja eta sahidji elmoe, noe teu aja watěs-wangěnna, pirang-pirang oenak-anikna anoe masih keneh samar. Kawasna mah, samemeh djělĕma beak kapanasaran tina saniskara noe koemĕlip, samemeh pĕrkara-pĕrkara noe teu kaharti djadi kaharti, kiamah manten.
Naon pĕrloena oerang nganjahokeun elmoe palak?
Beu, rea katjida pĕrloena teh. Da oepama teu pěrloe mah. moal ěnja deungeun-deungeun daraek karoegian, boh koe harta boh koe tanaga. Geura tanjakeun ka oerang Lembang, sabaraha hargana keker bentang .toean Bosscha? Eta teh mahal kabina-bina. Komo di nagara deungeun-deungeun mah (Greenwich, Cairo, Tokio, NewYork djst.) leuwih ti kitoe.
Ari noe pangtetelana, goenana elmoe palak teh nja eta:
Kahidji, oerang djadi tambah tĕrang kana kaagoengan Pangeran. Dina njěboet Allahoe Akbar, těgěsing těroes djeung lĕlĕmboetan. Ana njaho kana kaagoengan Pangeran, tangtoe njaho kana ka‘aeban diri pribadi, tĕmahna Jeungit takaboer.
Kadoea, keur ngaleungitkeun tahajoel, lantaran iakin kana roeparoepa pěrkara, kajaning: katoembiri lain taradje keur widadari, gělap lain bědil malaikat noe ngoedag setan, kala atawa ridjal tara neureujan djelema djeung lian-lianna deui.
Katiloe, djadi pitoeloeng kana kapĕrloean hiroep, kajaning: hal lalajaran di laoet, hal nangtoekeun datangna môesim (hoedjan, angin djst.), kitoe deui pĕrkara-pĕrkara sedjen, moe gentengkeun noe njĕnangkeun ka djelema. Tjoba oerang moen djadi oerang Tjaringin, ngadengekeun gĕlĕgĕrna bĕlĕdoegna Goenoeng Rakata, boerinjajna, boerialna, moelékna haseup, moentjatna tjài, sageuj moen teu kaboer pangatjian teh. Tjatjakan lamoen ajeuna (taoen 1929) teu aja Dr. Stehn mah, nja eta noe paham kana hal goenoeng bitoe (vulcanoloog), doeka teuing ka marana oerang Tjaringin moeboesna.
Tjinděkna, mangpa'atna elmoe palak teh gĕde katjida, anoe matak Mang Haen ge koedoe njaho, ari hajang sama rata mah djeung deungeun-deungeun.
Moega-moega bae ieu toelisan sim koering aja goenana ka noe malangmang-moeloengmoeng kana hal-hal anoe njasabkeun pikiran.