I. BOEMI DJEUNG LANGIT
Lamoen oerang ngingětkeun kana babasan djaoeh tanah ka langit, tangtoe koe oerang katjipta, jen langit teh kabina-bina djaoehna. Tapi lamoen oerang njaho, naon sadjatina langit, tangtoe boga tjiptaan sedjen, sabalikna tina tjiptaan noe tadi, sarta bisa oge njěboet, jen teu aja noe leuwih deukeut ti batan langit.
Oerang geus mindĕng ngadenge babasan satoengkĕbing langit satangkaraking lemah. Koemaha noe matak aja babasan kitoe? Teu aja lian lantaranana, ngan koe sabab karasana koe djělěma, lěmah atawa boemi teh rata sarta boenděr kawas opak, ari langit bangoenna kěwoeng (halfbolvormig) kawas ajakan, tapi teu aja wĕngkoena, sarta koerilingna eta ajakan saroea pisan gĕdena djeung koeriling opak tea; ana roep teh eta opak ditoeroeban koe ajakan, rekep pisan tjamplěng pisan, sisi-sisina ngahidji pisan, nja sisina teh disarěboet sisi langit (aja oge anoe njěboet tjakrawala atawa horison). Tjinděkna rasa djělěma, boemi djeung langit teh saibarat opak noe gedena tanpa wilangan, ditoeroeban koe ajakan noe gĕdena saroea djeung opak tea, tapi

Gambar ka 1
- 284 -