Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/346

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

katjida kěwoengna. Ti baheula něpi ka ajeuna pisan, oenggal-oenggal djělěma ge nja kitoe bae, ari rarasaanana mah, taja bedana, toer pada baroga rasa, jen manehna aja dina tengah- tengahna, nja eta lebah titik a dina gambar ka I. Kitoe deui oepama nangtoeng, boga rasa jen sirahna aja dina paběnĕran tengah-tengah langit (titik b).

 Moen něngětan ieu gambar, hadena mah koedoe njipta diri sorangan aja diloeareun boemi, djadi boemi katingal lonjod, tjara opak lamoen ditingal ti gigir. Tapi lamoen rek njipta langit, hajang ningal kĕwoeng-kĕwoengna, oerang koedoe ngoepamakeun diri oerang keur nangtoeng dina titik a. Koe oerang Babylon djaman koena, eta rarasaan kitoe teh ditambahan, nja eta - tjĕnah - boemi teh ngambang di laoet noe taja toengtoengna (sagara tanpa těpi); djadi horison teh nja eta watesna boemi djeung laoet gaib, sangkaan oerang Babylon djaman koena mah.

 Lamoen oerang rek ngoekoehan, jen rarasaan teh sok běněr, nja geus teu koedoe pandjang tjarita, kitoe bae meureun boemi djeung langit teh boektina oge, ngan aja leuwihna, reh ieu-ieu ge njaho, jen boemi atawa taneuh teh kanděl, henteu ipis tjara opak, tapi teu katjipta pisan, kandělna teh sakoemaha.

 Tapi lamoen dilĕnjěpan, dihantěm dirarasakeun, tangtoe koe oerang karasa, jen rarasaan atawa sangkaan oerang, sok radjeun soelaja tea tina boektina.

 Ajeuna oerang mikiran bab boemi heula. Tadi tjek rasa, boemi teh rata. Koemaha ari boektina, ĕnja kitoe?

 Saoepama boemi rata, teu meunang hěnteu, geus tangtoe:

a. Moal dina oenggal tempat, oerang ngarasa aja di tengah boemi, da oepama oerang njaba ngadjadjah doenja (boemi), beuki lila meureun djadi beuki deukeut kana sisina.
b. Lamoen oerang nendjo panonpoë bidjil, deungeun-deungeun oge, djalma sakoeliah doenja, pada nendjo, bareng djeung oerang.
c. Noe lalajaran, ngambah laoet sapirang-pirang lilana, antekna něpi ka sisi doenja, malah bisa djadi tigoeling.
d. Lamoen oerang keur aja di palaboean, nendjo kapal anoe datang ti djaoehna, noe katendjo, badanna heula, da gĕde.

 Tah kitoe eta, saoepama boemi rata mah. Tapi koe sabab boemi teu rata, hĕnteu děmpak tjara opak, djadi eta perkara tina a něpi ka d teh soelaja, da geuning kieu:

a. Noeroetkeun tjarita noe geus ngadjadjah doenja, di mamana
 

- 285 -