Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/347

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    asa aja di tĕngah bae. Handjakal koering pribadi kakara ngarasa aja di tĕmpat anoe teu pati djaoeh (di Tjaringin djeung di Soerabaja). Tapi pĕrtjaja katjida kana tjarita noe geus ngadjadjah doenja teh.
  1. Dina waktoe oerang nendjo panonpoë bidjil, hĕnteu oenggal djĕlĕma barĕng pada nendjo jen kitoe, da tjek djĕlĕma sedjen mah, panonpoë tatjan bidjil, aja oge noe njĕboetkeun geus mantjeran, malah aja noe njeboet soeroep, noeroetkeun katendjona ti tĕmpatna masing-masing.
  2. Djĕlĕma Ialajaran teh geus pirang-pirang lilana, tapi tatjan aja saoerang-oerang atjan noe manggihan sisi doenja atawa sisi langit, da poegoeh teu aja tea.
  3. Lamoen oerang keur aja di palaboean, nendjo kapal anoe datang ti djaoehna, noe pangheulana katendjo, bagian noe pangloehoerna, nja eta poentjak tihangna, toeloej haseupna, songsongna, kakara awakna tembong. Kitoe deui oerang kapal, nendjona daratan teh, noe loehoer heula, poentjak goenoeng, poentjak moenara, lila-Iila djol basisir katendjo. Malah lamoen toempak kapal ti peuting, ngadjoeg-djoeg moenara di palaboean, anoe di poentjakna diseungeutan lantera, katendjona lantera teh djiga naek, beuki loehoer-beuki loehoer. Aneh lain?

Eta kaajaan noe disĕboet tina a nêpi ka d teh, moen dilĕnjĕpan, djadi katĕrangan, jen hĕnteu dĕmpak boemi teh. Koemaha atoeh?

Lamoen oerang ngagantoengkeun bal, pek neangan sireum noe bisa ngomong, sina koekoerilingan dina eta bal, pek di tanja, ĕnja hĕnteuna boga rasa aja di tĕngah, tangtoe djawabna teh: „ĕnja.” Kitoe deui saoepama aja noe nanja ka djĕlema di sakoeliah doenja, ĕnja hĕnteuna ngarasa, aja di tengah, tangtoe pidjawabeunna: „enja.”

Ari bal teh bangoenna boeleud, djadi boemi oge bangoenna boeleud, teu meunang henteu.

Eta oge bab nendjo kapal, noe matak teu oedjoeg-oedjoeg tem­bong awakna, sabab laoet teh ti loehoerna (koelit tjai, waterspiegel atawa zeeniveau) mĕlengkoeng, henteu rata tjara balong. Mangkaning laoet teh kabina-bina lĕgana, djadi lamoen sabagianana mĕlĕngkoeng, tangtoe salĕgana nja boeleud, tetela bae, jen boemi boeleud.

Djĕlĕma noe bodo baliloe keneh, djaman ajeuna ge rea keneh, nja eta noe teu wani njĕboet-njĕboet boemi boeleud, malah

— 286 —