Tina eta ngaran-ngaran, aja oge noe koe oerang dipake ngaran djělěma, sarta aja anoe oenina robah, sapĕrti tina Djoehara djadi: Djoehro, Djoehri, Djoehriah; tina Samsoe djadi Samsa, Samsi, Samsiah djeung salianna.
Kolot-kolot aja oge noe masih keneh pĕrtjaja djeung ngamalkeun kana elmoe palintangan (astrologie), nja eta noe sok dipake nganjahokeun bagdja-tjilaka. Geuning aja basa: njanjabaan ninggang moestari. Anoe didjieun patokan dina elmoe palintangan, (*) nja eta ngaran bentang noe toedjoeh tea, da anggapanana aja oge patalina djeung titis-toelis djělěma.
Saĕnjana rada djaoeh oge, ieu tjarita teh njimpangna, tina njěboet ngaran bentang, make brasbras kana njěboet ngaran. poë djeung ngaran djělěma sagala roepa. Tapi teu djadi nanaon, soegan bae aja goenana. Anoe dimaksoed koe koering, babakoena soepaja terang, jen woedjoed-woedjoed noe aja di awang-awang teh, djaoehna henteu saroea. Ajeuna tangtoe katjipta, jen lamoen langit aja woedjoedna, toer ajana di lebah boelan (sačnjana, noe pangdeukeutna teh boelan), meureun bentang Timoer, moal katendjo; lamoen lebah bentang Timoer, tangtoe panonpoë teu tem- bong. Ari ieu, bět sagala oge tembong, malah bentang noe kabinabina djaoehna oge, geuning katembong. Koe sabab eta, tetela pisan, jen langit teh taja woedjoedna; djadi boemi, boelan, panonpoë djeung bentang-bentang teh, kabeh aja di awang-awang, ari antarana hidji-hidjina, kabina-bina djaoehna.
Djadi ajeuna teu samar deui, jen boemi teh bangoenna boeleud, teu digantoeng, teu ditihangan, teu ditalian, ngalajang di awang-awang, taja noe ngahalang-halang. Ari langit taja woedjoedna. Anoe dingaranan langit, beunang oge disěboetkeun toengtoeng deuleu. Tatapi sanadjan kitoe, doea gambar noe di loehoer teu moebadir, sakapeung kapake oge, keur nĕrangkeun pěrkara noe koerang tĕrang, keur ngartikeun pěrkara noe teu kaharti.
II. PANONPOË, BOELAN DJEUNG BENTANG
Di loehoer koe koering geus disěboetkeun jen noe pangheulana nitenan woedjoed-woedjoed di langit teh, nja eta bangsa Tionghoa, těgěsna bangsa Tionghoa teh geus ti djaman koena moela
(*) lintang (basa Djawa) = bertang.
- 290 -