seukeut tingalna, seukeut pikirna. Koemaha ari karoehoen oerang? mintoel panonna? Djigana mah, mimitina karoehoen oerang nitenan langit. sanggeus datang oerang Hindoe ka Poelo Djawa, padahal aja kateranganana, jen :karoehoen oerang henteu koeoeleun,, samemeh dibeuntakeun koe deungeun oge; ĕngke di handap kapanggih katèranganana.
Tjek tjarita, oerang Hindoe noe mimiti nganjahokeun, jen wuedjoed-woedjoed di langit henteu saroea djaoehna, lain kaom ningrat, tapi boedak-angon domba, noe sok njararing ti peuting, ngadjaga angonanana di tĕgai-tĕgal. Eta teh djam an baheula kabina-bina, geus mangreboe-reboe taoen. Ajeuna geus nêpi kana waktoena, boedak angon bangsa oerang sina kitoe. Kilangbara ngarti onaman, atoeh njaho-njaho heulaan.
Noe matja ieu tjarita, koe koering lain diadjak mikir, tapi itoengitoeng diadjak laladjo bae, nja eta oerang laladjo langit.
Lëbah dieu, oerang make rarasaan noe ditoedoehkeun koe gambar ka I tea, nja eta boemi dèmpak djeung ditoeroeban koe langit. Tah eta rasa kitoe teh, nadjan soelaja tina boektina oge, ajeuna oerang toeloejkeun, tĕgĕsna oerang njaritakeun heuia noeroetkeun rasa, ari tjotjog-hènteuna mah djeung boektina sadjatina, èngke kaboeka pandeuri. Kieu geura, tjek rasa teh:
Panonpoë oenggal isoek sok mĕiĕtek (bidjil) di beulah wetan, toeloej leumpang ngambah langit, djalanna lĕmpĕng teu poengkalpengkol, beuki loehoer-beuki ioehoer, nĕpi ka mantjéranana, têgĕsna teu bisa leuwih loehoer tina sakitoe. Lila-lila beuki handapbeuki handap toengtoengna soeroep di beulah koelon. Ari gantjangna salawasna anggcr bae, taja bedana nandjak djeung moedoen, teu aja roendag-randëgna nadjan keur mantjëran oge, tas nandjak antép-antëpan, teu aaekeun eureun heula, tèroês bae ngalampahkeun kawadjiban.
Boelan oge lampahna nja kitoe keneh, sok djalan-djalau di langit, toer gantjangna saroea djeung panonpoë. mudjoeua nja kitoe deui, pada ti wetan ka koelon, ngan waktoe bidjil sarta soeroepna, oenggal peuting boelan mah sok roban-robah. Koemaha bentang?
Moen koerang niienanana, tina sakitoe reana, bentang-bentang
mah djiga tjaritjing bae, parageuh lir noe dipakoe, padahal lamoen ditĕngĕtan mah diawas-awas, taja bedana djeung panonpoë atawa boelan, nja eta maradjoe ngtiféon, boh noe gêde boh noe leutik, boh noe tjekas boh noe soerem, bon noe beureum boh
— 291 -