Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/353

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

noe koneng boh noc bodas, kabeh laleumpang, tapi teu pagantjang-gantjang, da rapih tea, kawasna mah sarieuneun disěboetkeun pagirang-girang tampian. Eta pěrkara, koe oerang Poelo Djawa geus kanjahoan, ti samemeh didatangan oerang Hindoe, kitoe deui maranehna geus njahoëun, jen bentang-bentang teh djaoehna ti pada batoerna teu robah-robah. Pek rěrěsěpan langit ditjipta kĕrětas, bentang-bentang minangka titik, toeloej eta titik-titik noe dareukeut ditěpoengkeun koe goerat-goerat (dina tjiptaan), nja djadi gambar. Sanggeus kitoe, eta goendoekan bentang teh dingaranan, noeroetkeun bangoenna gambar. Kieu tjontona:

 Moen ti peuting noedjoe lenglang, pek oerang teh loentang-lantoeng di baroeroean, ngawas-ngawas ka tĕbeh kaler, sakapeung mah teu koedoe tanggah, djol beh bae aja 7 bentang tjekas, tjahjana tingboeroenjoej, ting- karitjeup, lir ngitjeupan noe keur neuteup. Pek njipta njieunan goerat noe něpoeng-něpoengkeun eta bentanganoe 7, ana djlěg teh bět djadi gambar padati (dina tjiptaan), kawas gambar ka 3.

Gambar ka 3.

Goendoekan bentang anoe dingaranan „Bentang Padati."

 Tah kitoe asal-asalna, noe matak eta goendoekan, koe noe baheula dingaranan „Bentang Padati".

 Bangsa oerang kaajeunakeun, noe diadjar elmoe bentang di sakola, njarěboetna kana eta goendoekan teh ,,de Groote Beer" noeroetan Walanda. Ari oerang Roem njarěboetna „Ursus Major" (basa Latijn). Oerang Arab, kitoe deui bangsa oerang noe ngoelikna elmoe palak tina kitab-kitab Arab njarěboetna ,,Adaboeläkbar". Hartina tilocanana saroea pisan, nja eta ,,Biroeang gěde", tapi saěnja-ĕnjana mah, lain ngan goendoekan noe toedjoeh woengkoel, noe disěboet,,,de Groote Beer" teh, da aja deui bentang-bentang ance dareukeut ka dinja, anoe ditěpoeng-těpoengkeun, něpi ka djiga gambar biroeang, tjara gambar ka 4.

 Dina eta gambar, tetela pisan, jen noe toedjoeh mah djadi sabagianana. Koe sabab eta, hade,,Bentang Padati" bae disěboetna koe oerang mah, malah Walanda ge aja noe sok njarěboet „Wagen" (hartina padati keneh).

- 222 -