| Gambar kuduna katémbong dina posisi ieu dina naskah. Lamun anjeun bisa nyadiakeun, tinggali Wikisource:Pedoman gambar jeung Bantuan:Menambah gambar pikeun pitunjuk. |
Gambar ka 4.
Goendoekan bentang anoe dingaranan .,Groots Beer"
Eta bentang anoe toedjoeh, papatjoean dingaranan „Bentang Toedjoeh", da ari saĕnjana mah kadalapan bentang leutik, djeung aja deui goendoekan sedjen. 7 bentang noe laleutik, ngagonjok kawas liontin markis, katjida pisan loetjoena. Tah nja eta noe disěboet „Bentang Toedjoeh" mah. Noe pangleutikna di antara eta noe toedjoeh, sakapeung sok teu katembong, népi ka - saoer Mas Boedihardjo mah - koe oerang Malajoe didjieun sa'ir. Kieu oenina:
Bintang toedjoeh tinggal enam,
Djatoeh jang satoe di Madjapait,
Aoes toeboeh serasa demam,
Lagi tambah dengan penjakit.
Di lěbah mana ajana Bentang Toedjoeh teh? Ke di handap disěboetkeun. Ajeuna oerang nitenan heula djalanna Rentang Padati. Djalanna koemaha tea? Ongkondi loehoer geus disěboetkeun, jen bentang-bentang teh taja eureufina leumpang ti wetan ka
- 293 -