Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/355

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Gambar ka 5.

Bentang Padati katingal di wetan

koelon, aja bidjil djeung soeroepna, tjara panonpoë bae, tapi katingalna aja oge matak helokna, kawantoe bentang mah rea batoerna, henteu tjara panonpoë, měntjil. Kieu geura anehna teh:.

 Ieu gambar ka 5, ngoepamakeun Bentang Padati, kitoe katingalna koe oerang, barang oerang bidjil ti imah. Moen tĕroes diawas-awas, tetela pisan madjoena ngoelon něpi ka adě gna (houding) teu tjara tadi, tapi jara di handap ieu, gambar ka 6.

 Teu meunang hĕnteu, eta teh geus tangtoe kitoe, adegna teu

- 294 -