Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/358

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Volksalmanak Soenda XII, 1930 (page 358 crop)

Gambar ka 8.

Běntang-Langlajangan di opat těmpat

tembong bae, reana 4, ari ditěpoengkeun koe goerat, djadi gambar langlajangan. Koe sawareh dingaranan Suoeng gendjot (Tjek Djawa: Goeboeg-pentjeng), teu koedoe ditěrangkeun sababna, noe matak aja noe njěboet kitoe. Koe Walanda ditěpoeng-těpoeng-keunana, lain sisina, tapi tengahna, goerat-djoengdjangna, nja djadi gambar tjakra (=kruis), toeloej disěboet Zuider Kruis (=tjakra di kidoel).

 Toekang ngala laoek di basisir Priangan (Palabocanratoe djst.) katjida njarahoěunana kana Bentang-Langlajangan teh, sarta - tjĕnah - gĕde goenana.