Eta Bentang-Langlajangan, lalampahanana tjara Bentang-Padati bae, madjoe ti wetan ka koelon, djalanna marělěngkoeng, djadi oepama Bentang-Langlajangan digambar di opat těmpat, kira-kira antara 60° (sapĕrtiloe tina satěngah pělěngkoeng sirkel), tangtoe pigambareunana sapĕrti gambar ka 8.
Gambar ka 9.
Bentang Woeloekoe kakara bidjil
Kade kaliroe: Oelah dikira, jen oerang teh bisa ningal opat Bentang-Langlajangan sama sakali. Eta hěnteu bisa djadi, da ngan hidji (sagoendoek), kapan Bentang-Langlajangan teh. Eta gambar saěnjana pikeun noeloeng kana tjiptaan bae, malar koe hate oerang katingal, kitoe tjitjingna oepama kakara bidjil, kitoe lamoen rek mantjĕran, kitoe lamoen tas mantjĕran, kitoe oepama rek soeroep.
Bentang-bentang noe di kidoel atawa anoe di kaler, gampang bae dititenanana koe oerang, teu matak malik njanghareup. tapi bentang noe bidjil di wetan pisan, moen diteuteup ti barang bidjil, beuki lila, tangtoe oerang beuki tanggah, komo ari geus mantjeran, lamoen oerang hajang neuteup rada lila teh, kapaksa koedoe nangkarak bĕngkang di taneuh. Kitoe deui oepama geus lingsir ngoelon kapaksa oerang koedoe njanghareup ngoelon, kitoe oge lamoen koerang awasna mah matak leungiteun, kawas nganteur boedak bangor ka Pasar-Gambir. Koemaha пое matak kitoe? Atoeh da bangoenna matak kalinglap, anoe di wetan nangtoeng teh, di koelon mah naroetoeg, djaloengkir, matak seuri, minang-
- 298 -