Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/360

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ka „Charley Chaplin" na, lamoen dina bioskop mah.

 Bentang-bentang anoe kitoe, tjontona Bentang-Wocloekoe. Ilikan gambar ka 9 anoe ngagambarkeun eta bentang di wetan keneh :

 Tina bidjil něpi ka soeroep, koerang leuwih lilana 12 djam. djadi saoepama bidjil dina poekoel 6 sore di lebah horison wetan, tangtoe soeroep dina poekoel 6 isoek. Moen panasaran, awaskeun bae di beulah koelon, tangtoe pisan katingalna tjara gambar ka 10.

 Ari pangna eta bentang dingaranan Bentang-Woeloekoe, kieu tjěnah :

d, e djeung f = boeboentoet singkal katoet landjamna
h, i, ,, j = tjatjadan
b ,, g = moending sarakit,
C ,, a = noe ngawoeloekoe
(c sirahna, a soekoena). *)

Volksalmanak Soenda XII, 1930 (page 360 crop)

Gambar ka 10.

Bentang-Woeloekoe rek seeroep

 Sim koering geus ngoeping oge anoe njěboet Bima Sakti kana Bentang-Woeloekoe teh. Eta ngaran rek sawanda djeung Orion, nja eta panjěboet oerang Eropa, asal noeroetan oerang Grik, noe mapantes něpi ka djlěg dina tjiptaanana djadi gambar djělěma gagah, nja dingaranan Orion (ngaran hidji oerang Grik noe masher gagah di djaman koena).


 

*) Eta bentang a roepana beureum, sabab - tjenah - anoe ngawoeloekoe tea, soekoena bèbělakeun.

- 209 -