Eta Bentang-Langlajangan, lalampahanana tjara Bentang-Padati bae, madjoe ti wetan ka koelon, djalanna marělěngkoeng, djadi oepama Bentang-Langlajangan digambar di opat tempat, kira-kira antara 60° (sapĕrtiloe tina satengah pělěngkoeng sirkel), tangtoe pigambareunana sapĕrti gambar ka 8.
Gambar ka 9.
Bentang Woeloekoe kakara bidjil
Kade kaliroe: Oelah dikira, jen oerang teh bisa ningal opat Bentang-Langlajangan sama sakali. Eta henteu bisa djadi, da ngan hidji (sagoendoek), kapan Bentang-Langlajangan teh. Eta gambar saĕnjana pikeun noeloeng kana tjiptaan bae, malar koe hate oerang katingal, kitoe tjitjingna oepama kakara bidjil, kitoe lamoen rek mantiĕran, kitoe lamoen tas mantjĕran, kitoe oepama rek soeroep.
Bentang-bentang noe di kidoel atawa anoe di kaler, gampang bae dititenanana koe oerang, teu matak malik njanghareup, tapi bentang noe bidjil di wetan pisan, moen diteuteup ti barang hidjil, beuki lila, tangtoe oerang beuki tanggah, komo ari geus mantjěran, lamoen oerang hajang neuteup rada lila teh, kapaksa koedoe nangkarak bĕngkang di taneuh. Kitoe deui oepama geus lingsir ngoelon kapaksa oerang koedoe
njanghareup ngoelon, kitoe oge lamoen koerang awasna mah matak leungiteun, kawas nganteur boedak bangor ka Pasar-Gambir. Koemaha noe matak kitoe? Atoeh da hangoenna matak kajinglap, anoe di wetan nangtoeng teh, di koelon mah naroetoeg, djaloengkir, matak seuri, minang-
- 298 -