Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/362

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
'Gambar ka 10
Bentang-Woeloekoe rek soeroep

ka „Charley Chaplin” na, lamoen dina bioskop mah.

Bentang-bentang anoe kitoe, tjontona Bentang-Woeloekoe. Ilikan gambar ka 9 anoe nga-gambarkeun eta bentang di wetan keneh:

Tina bidjil něpi ka soeroep, koerang leuwih lilana 12 djam. Jadi saoepama bidjil dina poekoel 6 sore di lěbah horison wetan, tangtoe soeroep dina poekoel 6 isoek. Moen panasaran, awaskeun bae di beulah koelon, tangtoe pisan katingalna tjara gambar ka 10.

Ari pangna eta bentang dingaranan Bentang-Woeloekoe, kieu tijěnah:

d, e, djeung f = boeboentoet singkal katoet landjamna
h, i j = tjatjadan
b g = moending sarakit
c a = noengawoeloekoe (c sirahna, a soekoena). *)

Sim koering geus ngoeping oge anoe njěboet Bima Sakti ka Bentang-Woeloekoe teh. Eta ngaran rek sawanda djeung Orion, nja eta panjěboet oerang Eropa, asal noeroetan oerang Grik, noe mapantěs něpi ka djlěg dina tjiptaanana djadi gambar djělěma gagah, nja dingaranan Orion (ngaran hidji oerang Grik noe mashur gagah di djaman koena).


*) Eta bentang a roepana beureum, sabab tjenah anoe ngawoeloekoe tea, soekoena běběiakeun.

— 299 —