Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/363

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kaanehan bentang-bentang, sakoemaha noe geus disĕboet di loehoer, gampang diboetkĕikeunana koe oenggal djelĕma oge. Tapi kadjaba ti eta, aja deui kaanehan bentang-bentang teh, ngan rada leukleuk njotjogĕunana, da koedoe aja wĕlasna poĕ nitĕnanana, djeung koedoe anggĕr poekoelna, saoepama peuting tadi poekoel 7 nitĕnan bentang, peutĭng ĕngke koedoe poekoel 7 deui, peuting isoek pon kitoe keneh, djeung satrĕoesna. Tah saoepama kitoe, teu kalawan dibĕdĕjĕan koe batoer oge, oedjoeg-oedjoeg njaho bae, jen bentang-bentang teh oenggal heuleut 24 djam, sok ngeser sĕa-grat (1°) ka koelon. Djadi lamoen, hidji bentang — hadĕna mah nitĕnan sahidji bae — dina hidji peuting mantjĕranana poekoel 8, dina peuting isoekna mah, moen ditingal poekoel 8 deui, geus liwat sĕagrat ka koelon, isoekna deui liwat doea grat, kitoe bae beuki djaoeh-beuki djaoeh tina tĕmpat mantjĕran teh, antĕnka mah dina poekoel 8 sore teh teu tembong, da geus soeroep. Iraha eta bentang mantjĕran deui poekoel 8 sore? Ĕngke ari geus sataoen. Djadi lamoen hidji bentang mantjĕranana dina poekoel 8 teh, ninggang dina tanggal 1 Januari 1929, tangtoe ĕngke dina tanggal 1 Januari 1930, poekoel 8 sore teh mantjĕran deui. Oenggal bentang, eta kitoe teh (Aja oge sawarĕh anoe teu kitoe, ĕngke di handap ditjaritakeun).

Noeroetkeun tjarita anoe di loehoer, djadi ajeuna tetela, jen bentang-bentang teh aja doea roepa lampahna, nja eta: kahidji tjara panonpoĕ, laleumpang ngoelon gantjangna 15° sadjam; kadoea oenggal heuleut 24 djam, tĕmpatna sok ngeser 1° ka koelon.

Di loehoer geus disĕboetkeun, jen oerang Poelo Djawa teh, samemeh datang oerang Hindoe ge (kira-kira geus 2000 taoeun ka toekang), geus njarahaĕoĕun kana lampahna (djalanna) bentang-bentang teh, djadi dina pasal ieu, tĕgesĭng lain pĕrkĕra model, hĕnteu bangga ngartĕkeunana, da karoĕhoen oerang oge geuning ngartĕieun.

Oerang sarerea geus pada tĕrang kana kĕtjap „katĭga“. Tah eta teh, asal-asalna pisan mah noeroetkeun djalanna bentang. Katerangan noe leuwih pandjang, nja eta dina pasal di handap ieu.

III. PRANATAMANGSA.

Lampah bentang noe kadoeĕr, nja eta sok ngeser 1° ka koelon, saban heuleut 24 djam tea, kĕe karoĕhoen oerang sok dipake nang-

- 300 -