Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/364

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

toekoen datangna moesim (mangsa), babakoena soepaja njaho, iraha mimiti ngidjih, djadi bisa taki-taki lamoen rek ngagarap tanah.

Eta bentang-bentang tea, kawasna mah dianggapna koe karoĕhoen teh ngoerilingan boemi, lĕpoeng gĕlang dina sataoen. Ari noe djadi babakoe, noe dititenan, nja Bentang-Woeloekoe tea, malah-malah eta bentang sok disĕboet Goroe Desa, da minangka goeroe keur oerang desa. Ari pĕrdjalanan eta Bentang-Woeloekoe teh, ieu di handap ditjaritakeun.

Kira-kira pananggalan boelan November, Bentang-Woeloekoe soeboeh-soeboeh tembong di wetan, nja dianggap koe djoeroe tani baheula, minangka anoe ngingĕtan ka maraĕnĕna, jen koedoe singkil, sadia tjangtjoet, ngaloearkeun woeloekoena, mimiti ngagarap tanah. Lila-lila (kira-kira boelan April kaparĕumunakĕun) eta Bentang-Woeloekoe teh, katembong sore di koelon, sarta woeloekoena djoengkir, eta dipake tĕtĕngĕr, pĕikeun ngampihkeun woeloekoe, tĕgesna waktos panĕn, waktos ngaso, reureuh tina leuleutakan, ngarasakeun ladang kesang, sokkan-sokkan, bĕrĕsih badan, bĕrĕsih imah djeung pakarangan, malah aja anoe kawin atawa anoe ngawinkeun. Kitoe deui oepama noedjoe salamĕt, taja halangan haroengan, batoer djeĕnoek bala rea, sok goeloeng sabiloeloengan, raramĕan narembongkeun kamonesan. Eta adat, ajeuna ge aja keneh antjal-antjalan, disĕboetna sidekah boemi.

Oepama Bentang-Woeloekoe, pasasore katingalna handap pisan di beulah koelon, katĭjatana koe noe baheula, eta Bentang-Woeloekoe teh aja di antara boemi djeung langit, kahapit; nja ti waktoe harita, nĕpi ka ± 50 poĕ lilana, sataoentoeng Bentang-Woeloekoe hĕnteu katembong ti peuting, disĕrĕboet mangsa Kapit atawa Hapit.

Djelĕma sedjen, kajangning oerang Grik di djamana koena, aja oge noe marake Bentang Toedjeh, pĕikeun nangtoĕkeun mangsa teh, kawasna eta bentang pĕrnahna teu pati djaoeh ti Bentang-Woeloekoe tea, nja eta di kaler-koelĕonĕunana.

Oerang Atjeh, njobatna djeung Bentang Kala, tĕgesna nja bentang eta anoe dianggap tĕtĕngĕr mangsa koe maranehna. Ari bangoen Bentang Kala, nja tjar gambar ka 11.

Noe geus disĕboet di loehoer, moesim atawa mangsa teh ka-

- 301 -