Kaanehan bentang-bentang, sakoemaha noe geus disĕboet di loehoer, gampang diboetkieunana koe oenggal djelĕma oge. Tapi kadjaba ti eta, aja deui kaanehan bentang-bentang teh, ngarada leuleuk njotjogkieunana, da koedoe aja wĕlasna poĕ nitĕnanana, djeung koedoe anggĕr poekoelna, saoeupama peuting tadi poekoel 7 nitenan bentang, peutĕtig ĕngke koedoe poekoel 7 deui, peuting isoek pon kitoe keneh, djeung satrĕoesna. Tah saoeupama kitoe, teu kalayan dibĕdakan koe batoer oge, oedjoeg-oedjoeg njao bae, jen bentang-bentang teh oenggal heuleut 24 djam, sok ngeser sĕgrat (1°) ka koelon. Djadi lamoen, hidji bentang — hadena mah nitenan sahidji bae — dina hidji peuting mantjeranana poekoel 8, dina peuting isoekna mah, moen ditingal poekoel 8 deui, geus liwat sĕgrat ka koelon, isoekna deui liwat doea grat, kitoe bae beuki djaoeh-beuki djaoeh tina tempĕt mantjeran teh, antĕkana mah dina poekoel 8 sore teh teu tembong, da geus soeroep. Iraha eta bentang mantjeran deui poekoel 8 sore? Ĕngke ari geus sataoen. Djadi lamoen hidji bentang mantjeranana dina poekoel 8 teh, nĭnggang dina tanggal 1 Januari 1929, tangtoe ĕngke dina tanggal 1 Januari 1930, poekoel 8 sore teh mantjeran deui. Oenggal bentang, eta kitoe tel (Aja oge sawareh anoe teu kitoe, ĕngke di handap ditjaritakeun).
Noeroetkeun tjarita anoe di loehoer, djadi ajeuna tetela, jen bentang-bentang teh aja doea roepa lampahna, nja eta: kahidji tjara panonpoĕ, laleumpang ngoeloen gantjangna 150 sadjam; kadoea oenggal heuleut 24 djam, tempĕtna sok ngeser 1° ka koelon.
Di loehoer geus disĕboetkeun, jen oerang Poelo Djawa teh, samemeh datang oerang Hĭndoe ge (kira-kira geus 2000 taoen ka toekang), geus njarahoĕun kana lampahna (djalanna) bentang-bentang teh, djadi dina pasal ieu, tĕgesing lain pĕrkara model, hĕnteu bangga ngartĕkeunana, da karoĕhoen oerang oge geuning ngartĕieun.
Oerang sarerea geus pada tĕrang kana kĕtjap „katĭga”. Tah eta teh, asal-asalna pisan mah noeroetkeun djalanna bentang. Katĕrangan noe leuwih pandjang, nja eta dina pasal di handap ieu.
III. PRANATAMANGSA.
Lampah bentang noe kadoea, nja eta sok ngeser 1° ka koelon, saban heuleut 24 djam tea, kĕe karoĕhoen oerang sok dipake nang-