Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/366

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

toekeun datangna moesim (mangsa), babakoena soepaja njaho, iraha mimiti ngidjib, djadi bisa taki-taki lamun rek ngagarap tanah.

Eta bentang-bentang tea, kawasna mah dianggapna koe karoehoen teh ngoerilingan boemi, tĕpoeng gĕlang dina sataoen. Ari noe djadi babako, noe dititenan, nja Bentang-Woeloekoe tea, malah-malah eta bentang sok disĕboet Goroe Desa, da miĕngka goeroe keur oerang desa. Ari pĕrdjalanan eta Bentang-Woeloekoe teh, ieu di handap ditjaritakeun.

Kira-kira pananggalan boelan November, Bentang-Woeloekoe soeboĕ-soeboĕn temboĕg di wetan, nja dianggap koe djoeroe tani baheula, minangka anoe ngingĕtan ka maranehna, jĕn koeĕdoe singkil, sadia tjangtĕgot, ngaloearkeun woeloekoena, mimiti ngagarap tanah. Lila-lila (kira-kira boelan April kapareummakun) eta Bentang-Woeloekoe teh, katĕmbong sore di koeloĕn, sarta woeloekoena djoengkir, eta dipake tĕtĕngĕr, pĕkoen ngampihkeun woeloekoe, tĕgĕsna waktoe panĕn, waktoe ngaso, reureuh tina leuleutakan, ngarasaekan ladang kesang, soekan-soekan, bĕrĕsih badan, bĕrĕsih imah dĕjung pakarangan, malah aja anoe kawin atawa anoe ngawinkeun. Kitoe deui oepama noedjoe salamĕt, taja halangan haroengan, batoer djoĕnok bala rea, sok goeloeng sabiloeloengan, raramean narembongkeun kamonesan. Eta adat, aĕjuna ge aja keneh antjal-antjalan, disĕboetna sidĕkah boemi.

Oepama Bentang-Woeloekoe, passorese katingalna handap pisan di beulah koeloĕn, katĭjĭptana koe noe baheula, eta Bentang-Woeloekoe teh aja di antara boemi dĕjung langit, kahapit; nja ti waktĕ harita, nĕpi ka ± 50 poĕ lilana, sataoĕngtoeng Bentang-Woeloekoe hĕnteu katĕmbong ti peuting, disarĕboet mangsa Kapit atawa Hapit.

Dĕjĕlema sedjĕn, kajangning oerang Grik di djamana koena, aja oge noe marake Bentaing Toedjoeh, pĕkoen nangtoekeun mangsa teh, kawantĭoe eta bentang pĕrnahna teu patĭdjaoch ti Bentang-Woeloekoe tea, nja eta di kaler-koeloĕnoenana.

Oerang Atjĕh, njobatna dĕjung Bentang Kala, tĕgĕsna nja bentang eta anoe dianggap tĕtĕngĕr mangsa koe maranehna. Ari bangon Bentang Kala, nja tĭara gambar ka 11.

Noe geus disĕboet di loehoer, moesim atawa mangsa teh ka-

— 301 —