Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/367

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kara doea roepa, nja eta moesim ngagarap tanah dĕjung moesim ngaso. Kitoe deui moen ditĕngĕtan, tetela pisan, noe didjieum patokan teh lain lampah bentang bae, tapi dibandingkeun djeung panonpoë, djadi beunang ditjotjogkeun djeung itoengan taoen.

Gambar ka 11
Bentang Kala

Masehi, sarta ti baheula moela, sataoen teh koe karoehoen oerang geus dibagi djadi 12 bagian (12 mangsa). Ieu di handap pareleanana, beunang njonto tina boekoe „Pranata-mangsa” karangan Mas Boedihardjo.

(Dina eta parelean teu disĕboetkeun di mana ajana Bentang-Woeloekoe dina oenggal tanggal mangsa, da hĕnteu pati pĕrloe, djeung oepama oerang radjin nitenan mali, tangtoe bisa bae nangoekoen ajana Bentang-Woeloekoe atawa bentang noe sedjen, tina saban-saban waktoe).

Mangsa anoe ka 11 djeung 12 disĕboet Dĕsta djeung Sada, loeanana basa Sangsrit (Sangsakĕrta). Eta beunang oge dipake anda jen memeĥ datang oerang Hindoe mah, sataoen teh ngan didjieun 10 mangsa.

Kaadjaan mangsa anoe 12 tea, noeroetkeun tjatjandran kolot, ieu di handap diparelekeun, tapi ngan tĭjatjĕndran bae, boektina lah rea anoe ngagetjolna. Kieu tjěnah:

— 302 —