Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/368

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
No Ngaranna Mangsa Oemoer-na Mimitina (tanggalna) Oesoem
1 Kasa 41 poe 21 atawa 22 Juni Halodo atawa katiga
2 Karo 24 " 2 Agustus
3 Katiga 24 " 24 atawa 25 "
4 Kapat 27 " 15 September Mimitî hoedjan (Mamareng)
5 Kalima 27 " 13 atawa 13 October
6 Kanèm 43 " 9 November Oesoem sèbar atawa tèbar
7 Kapitoe 26–27 " 21 atawa 22 December Baboeat dieung tandoer
8 Kawoloe 26–27 " 2 Februari Oesoem bandjir
9 Kasanga 25 " 29 Februari atawa 1 Maart Bandjir panganggeusan
10 Kasadasa 23 " 25 atawa 26 Maart } Oesoem panen
11 Dèsta 41 " 18 atawa 19 April Oesoem daungdangrat
12 Sada 41 " 11 atawa 12 Mèi
  1. Mangsa Kasa, oesoem kakaiat poeroetoel teu daraoenan.
  2. Mangsa Karo, taneuh bareulah, bawaning panas.
  3. Mangsa Katiga, beubeutian mimitî kaloear sîroeng (gadoeng, hoei, koer nêli djs.t.).
  4. Mangsa Kapat, Liang tinjoeœse saraat.
  5. Mangsa Kalima, mimitî aja hoedjan.
  6. Mangsa Kanèm, oesoem boeah-boeah.
  7. Mangsa Kapitoe, oesoem kasakit.
  8. Mangsa Kawoloe, oesoem oetjing lakian.
  9. Mangsa Kasanga, oesoem gaang djoeng tocraes.
  10. Mangsa Kasadasa, oesoem sasioetan reuneuh.
  11. Mangsa Dèsta, oesoem retjet anak manoek, dipakanan koe indoengna.
  12. Mangsa Sada, oesoem tiris.

Ajeumna oerang tjoetjogkeun djoeng tjarita djoeroe tani, Kieu tjêk udjoeroe tani mah:

1—2—3 nja eta oesoem halodo atawa katiga tea, rea tatang-kalan hoe teu daoenan, bawaning teu aja hoedjan.

4. Mimitî aja hoedjan; tatang-kalan paroetjoekan: randoe boeahna „gararing sarta baroekeh"; pepelakan palawidja geus karolot; galatik nêba di têgal.

5. Oesoem sîraro̱e djoeng oetsoën soeoeng; isoek-isoek, meh srangeng

— 303 —