kĕmbangan kaso, ari dina margsa Kasanga, oesoem ligar kĕmbang kaso.
9-10. Mangsa Kasada, nja eta oesoem panen.
11. Oesoem kĕmbang randoe.
12. Oesoem mĕlak tatjang kadĕlĕ, taroem, kapas, djarak, djeung mimiti ngagarap těgal, baris dipĕlakan djagong djĕung salianna.
Oerang geus pĕrtjaja pisan, jen djaoehna bentang-bentang teh joeta-joeta km. ti pada batoerna, djadi eta gambar-gambar di langit teh noe didjadkeun koe bentang-bentang, estoe papalingpang pisan djĕung bĕktina. Tapi, sanadjan kitoe, aja bae goena mah gambar-gambar atawa ngaran bentang teh, nja eta pikeun tĕtĕngĕr mangsa, djeung minangka keur padoman, da oepama di hareupeun oerang aja Bentang-Langlajangan, djadi tetela oerang teh njanghareup ngidoĕl, noekang ka kaler; wetan ti kentja, ari koelon di katoehoe, djadi moal bisa kasaroeng atawa kapaidĕr.
Oerang njaho, jen poelo-poelo di laoet, ngaranna teh aja ngaran sagoendoekan, aja ngaran hidji-hidji. Bentang teh nja kitoe deuih; dina kar-angit, sok aja noe ditjĕiran koe aksara Grik (α = Alpha, β = Beta, γ = Gamma djst.) Bentang anoe pangdeukeutna ka oerang tja, nja eta bentang α Centauri (= α di goendoekan Centaurus), pĕrnhana heuleut hidji di wetaneun Bentang-Langlajangan. Lilikan gambar ka 12 (*).
Kadjaban ti tamba kapaidĕr, gawena Bentang-Langlajangan teh aja deui, nja eta keur neangan koetoeb-kidoel. Kitoe deui Bentang Padati, eta beunang dipake nangtoekeun ajana Bentang Koetoeb (= Poolster). Ĕngke dina almĕnak taoen pajoean baris ditjaritakeun, koemaha nangtĕokeunana.
(*) Dina ieu gambar, aksarana teu tjara dina kar-langit, djadi bentang noe pangdeukeutna teh, nja eta noe diaksaraan b.
S. di B.
(Toetoejkeunoen)