Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/375

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
Ka ditoe ka noe didjoegdjoeg,
koedoe mělak bibit asih,
njieun geusan katrěsnaan,
di eta nagara těbih,
noe geus lawas goemawangna,
djadi panjileukan ati.

II
Sinom

Braj tjaang mimiti beurang,
oleng motah kapal koering,
nĕroes aloen neumbag ombak,
mapaj laoet biroe bĕrsih,
njatjas moen ditingali,
lajar kapal bodas měndoeng,
ngagěntjlang di sagara,
mělěnong katĕbak angin,
sok kagagas moen emoet alam harita.

Kapal datang oeloek salam,
hoeloena njioem basisir.
ari ningal ka daratan,
soegri anoe katingali,
asri ngahoedang pikir,
goenoeng noe 'djaoch ngalamoek,
sisi sagara rata,
karimboenan daoen kai.
hioer angin tinggaroepaj tingäroelang.

Lir koekoedoeng noe koemělab,
dina dada ipri geulis,
noe ngageugeuh pagoenoengan,
leuweung ganggong sirna djati.
kitoe tjiptaning ati,
tjoendoekna ka noe didjoegdjoeg,
harita ocrang tĕpang,
dina kalangkangna peuting,
kalamangsa peuting rek ngaroengkoep djagat.

― 308 ―