Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/376

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
Sore poëk taja boelan,
rapang bentang tingkarětip,
poëk rějĕm-rějěm tjaang,
kahibaran tjahja langit,
njěbar rasaning gaib,
perbawaning lintang toedjoen,
noe noeroenkeun běrkahna,
eundeur sakoeriling boengking,
koe heabna kasoetjian noe soemēbar.

Balebat tembong ngolebat,
njaangan oeroet pasini,
oeroet oerang těpang atma,
oeroet saniat sapikir,
basa masih ngahidji,
alam babarengan hiroep,
naratas padjamanan,
djeung njorang tjiptaning ati,
noe goemawang dina paningal wangwangan.

III
Asmarandana.

Robah mangsa ngalih moesim.
ganti djaman paalaman,
soemping peuting poëk mongkleng.
Ki Silah lali di mitra,
anak polo di bapa,
moerid teu ingět ka goeroe,
kalampat Kala Maloepa.

Korsi gading tjampĕrěnik,
oeroet tjalik rerendengan,
oerang keur basa bareto,
leungit moesna teu katingal,
katoetoep karimboenan_
kakoeboer kěkěboel waktoe,
noe moentir taja kĕndatna.

— 300 —