22. FEUILLETON.
BABAD CIREBON
(Sambungan Volksalmanak Sunda 1929).
Dangdanggula.
Ěnggon anu paeh pĕrang sabil, taja deui pagaweanana, ngan ulin dahar jeung sare, katingal dina sĕmu, bangun anu sugĕma ati, pinuh ku suka bungah, ĕstu senang woengkoel,
hoedang sare pĕlĕsiran, udar-idĕr tumpak kuda sambarani, balik pĕlĕsir dahar.
Kabeh tatoe oeroet pĕrang sabil, nadjan djero euweuh noe karasa, djeung seungit mĕlĕbĕr bae, waktoe dahar ngarioeng, soekan-soekan saroeka seuri, SANG SJARIF diadjakan, andjeunna teu poeroen, ngeng soara tan katingal: „Eh, noe anom oelah rek nampik rĕdjĕki, eta ni’mat aherat.”
SANG HIDAJAT pek toeang sapantji, djeung noe mati sahid bĕrdjama'ah, sanggeus toeang pamit bae, arek noeloejkeun lakoe, saoer anoe marati sahid: „Moegi andjeun sing sabar, oelah goeroeng goesoeh, moal lami oge tĕpang, maksad andjeun geus tinangtos tereh hasil, bagdja kantoen saoesap.”
Hĕnteu lami bet djol manoek wilis, pamatoekna ratna maja-maja, panonna komala ngentjlong, NABI HIDHIR djol rawoeh, nitih koeda aloes raspati, andjeunna oeloek salam, SANG HIDAJAT njaoer: „Djoeragan noe nitih koeda, moegi widi djisim koering hajang ngiring, ngadoea toempak koeda.”
NABI HIDHIR ngalahir ka SJARIF, bari njaoer maparinkeun boeah, boeah aneh ngentjlong hedjo: „Masing waspada Agoes, ieu boeah boeah lineuwih, aloes tanpa papada, geus rewoean tahoen, ti alam NABI NOCH moela, hĕnteu roeksak aloes nĕpi ka kiwari, keur anjeun ti Pangeran.
*) Disundakeun ku Bale Pustaka.
— 312 —