Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/380

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Koedoe dahar masing titih rintih,” koe SANG SJARIF boeah ditampanan, kop ditoeang teu talangke, estoe raos kalangkoeng, soeměrěsěp ka koelit daging, raos „sewoe soerasa”. djadi tjahja ĕnoer, ngělěwoeng di awang-awang, NABI HIDHIR geus dangdan rek angkat deui, SANG HIDAJAT teu tinggal.

Tjlak ngadoea sarĕng NABI HIDHIR, koeda měsat ngapieng ngawang-ngawang, lěng lěs teu emoet Sang Anom, barang SANG SJARIF emoet, aja dina boemi widoeri, endah kabina-bina, SANG SJARIF djoeng nangtoeng, loeak-lieuk beh katingal, aja masdjid mirah woeloeng langkoeng „asri”, rame koe malaikat.

Para nabi reudjeung para wali, para moe'min djeung noe sabiloe'llah, arwahna karoempoel kabeh, di masdjid ngararioeng, heměng manah HIDAJAT SJARIF, ngeng sora tan katingal: „Eh anoe satoehoe, moegi sing awas waspada, ĕnja ieu NABI MOEHAMMAD sadjati,” rek soedjoed SANG HIDAJAT.

Tjĕpět pisan ngiblat ka Djeng Nabi, ngan teu toeloes reh aja noe njaram, njěkěl dada bari ngomong: „Eh Anom noe safoehoe. oelah bakti ka noe pandeuri, ka Noe Qadim nja njěmbah. soedjoed ka Jang Agoeng, njĕmbah ka Allah noe baqa, djeungna deui Agoes ajeuna dilandih, SAJID KAMIL nja ngaran.

SAJID KAMIL sing awas patitis, nadjan aja cmongan babasan, pati-hoerip madjarkeun teh. saĕnjana teu kitoe, ano aja ngan hoerip djati, pati taja njatana, noe aja ngan hiroep, hiroep paeh tjarek djalma, eta kabeh ngan pětaning gelar Goesti, langgĕng tanpa wangĕnan.

Harkat maneh sapangkat djeung nabi, sabab maneh Wali noe oetama, djeung kahajang hate maneh, eta kĕrsa Jang Agoeng. SANG HIDAJAT SJARIF ngalahir: „Koelanoen Rasoeloe'llah, abdi jakin kalboe, sareng njoehoenkeun safa'at moegi-moegi pinajoengan lahir-batin.” ngandika Rasoeloe'llah:

„Eh HIDAJAT kersaning Jang Widi, maneh koedoe daek ngalalana, djeung moen andjog ka pagoeron, tempat oelama loehoeng. koedoe ngadji oelah rek kibir, sing mantěp manakawan, soehoed

— 313 —