Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/381

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nja goegoeroe, djaga lamoen aja bagdja, djadi radja chalifat rasoel sing adil, oelah beurat sabeulah.”

Magatroe.

Sanggeus niaoer toeloej moesna Kangdjĕng Rasoel, ti dinja HIDAJAT SJARIF, dipajang koe mega toeroen, barang djoet Joengsoer ka boemi, gok djeung hidji radja amprok.

SANG DJOEMĚNAH keur moesawarah bab elmoe, oelama djeung ahli fagih, di madjlis noedjoe karoempoel, kaget kabeh para 'alim, djoldjol poëk teu kahartos.

Leungit poëk bět aja tatamoe rawoeh, ĕnja eta SAJID KAMIL. sorotna estoening mantjoer, barang breh ge katingali, henteu sak manah Sang Katong.

Moal boa geus tinangtoe wali loehoeng, Kangdjĕng Radja hormat ta'dim, toeloej naros: „Kaoelanoen, koemaha margina soemping, asal noe djadi lalakon?”

SAJID KAMIL ladjĕng njarios ka Ratoe. lalakon noe geus kapanggih, sadajana dipitiatoer. henteu dipandang-dipinding. SANG DJOEMENAH sangět helok.

SANG HIDAJAT ngaladjĕngkeun deui lakoe, rek moelih ka Banisrail, ĕnggeus tepoeng sareng iboe, iboe langkoeng boengah galih, kabeh koelawarga tamplok.

Malah-malah Radja OENQAH oge rawoeh, kabeh pada soeka galih, iboe ka poetra pok niaoer: „Koemaha Oedjang papanggih, reudjeung Kangdjĕng Rasoeloellah.

Mana Oedjang olih-olihna keur iboe?” oendioekan HIDAJAT SJARIF. ngoendioekkeun saliring lakoe, DALEM SATANG heměng galih, ngadangoe poetra njarios.

Lami-lami rek didjoengdjoeng kana Ratoe, kědah ngagĕntos Rama Dji, tapi SANG KAMIL teu poeroen, niat rek talaboe'l'ilmi, rek goegoeroe ka noe kahot.

— 314 —