Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/382

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Rek ngambangkeun kana kĕrsana Jang Agoeng, tjoea manah koelawargi, wadya bala mah geus poegoeh, Radja OENQAH komo deui, reh SANG KAMIL keukeuh mogok.

Toeloej pamit SAJID KAMIL ka Djĕng Iboe, bade angkat moenggah hadji, djeung arek djarah ka Rasoel, ka Madinah'makam Nabi, djeung rek neangan pagoeron.

Arek ngadii djeung manakawan ka goeroe, DALĔM SATANG ĕnggeus idin, bĕkĕlna dinar sareboe, djaba doeit tasbe hidji, geus kitoe noe anom mios.

Tĕngah djalan amprok djeung begal sapoeloeh, kabeh agama Jahoedi, SAJID KAMIL pek dirioeng, dipenta barang djeung doeit, teu talangke Raden Anom.

Dinar bĕkĕl dipasihkeun lima ratoes, heraneun kaom (téks teu kabaca), aja djalma moerah kitoe, taja kanjaah ka doeit, lain boenguh begal bĕngong.

Begal kabeh toeloej pada njĕmbah soedjoed, isin koe- SANG SAJID KAMIL, marandjing Islam taraloek, diwoeroek kalimah kalih. tanda iman ka Jang Manon.

Sarta ngiring SAJID KAMIL ëmboeng kantoen, ka Mĕkah rek miloe hadji, ka Madinah oge kitoe, rek miloe djarah ka Nabi. MOEHAMAD al'Rasoeloellah.

Kinanti

SAJID KAMIL toeloej goeroe, di Mĕkah ka SJECH TADJMOEDDIN, AL KOEBRA MOLANA AKBAR. goeroe noe kamashoer aliin, idjadjah dzikir djeung be‘at, soeghoel moesafachah talqin.

Sanggeusna be'atna toetoeg, toeloej pindah goeroe deui. ka goe­roe agoeng noe kongas, ATA’OELLAHI SJAZILI. ngalan tafakoer djeung harkat, idjadjah chiarah dzikir.

Njantri di dinja geus toetoep, djoeng neangan goeroe deui, noe moersid noe ahli ‘amal, toeloej njĕbrang ka (téks teu kabaca), njan­ tri di goeroe noe kongas, di MOLANA DATOEK SIDÜK,

— 315 —