Di dinja Raden tawadjoeh, goegoeroe sjoeghoelchalwati, wirid djeung amal-amalan, geus tamat pek njĕbrang deui, ngadjoegdjoeg ka Tanah Djawa, andjog ka Bantěn bihari.
Waktoe SAJID KAMIL tjoendoek, koe andjeunna katingali, di Bantěn geus aja Islam, moerid SOENAN AMPEL GADING, SAJID ngaladjoekeun lampah, rek neangan goeroe moersid.
Ngetan ngadjoegdjoeg SJECH MADZKOER, goeroe noe kamashoer moersid, di Goenoeng Koendoel linggihna, tapi goegoeroe teu djadi, reh Kiai teu kĕrĕsa, moeroak ka SANG SAJID KAMIL.
Tapi maparin pitoedoeh, aja noe langkoeng pĕrjogi, oetama dikawoelaan, djalanna ti Koedoes nagri, DATOEK BAHROEL katĕlahna, toeloej angkat SAJID KAMIL.
Geus tĕpoeng djeung DATOEK BAHROEL, děk goegoeroe siang-wengi, elmoe sjare'at tarekat, hakekat ma’rifat tapis, DATOEK BAHROEL sasaoeran: „Eh agoes KI SAJID KAMIL.
Maneh goegoeroe geus toetoeg, elmoe-elmoe geus kaadji, aja kadar ti Pangeran, sapanĕdja maneh hasil, kabeh anoe dilakonan, geus kataekan kamilik.
Ajeuna geus sĕdĕng moeroek. njĕbarkeun Agama Soetji, agoes rek moekim di mana." ngawalonan SAJID KAMIL: „Koering niat bade tapa, dina djĕro banjoe poetih.
Tĕmpat noe kamashoer loehoeng, patapan MOLANA DHAFI.” DATOEK BAHROEL geus npidiiian, ti dinja SANG SAJID KAMIL, toeloej angkat arek tapa, soep asoep ka djero tjai.
Gaibing Noe Maha Agoeng, moal katepi koe pikir, di tjai kawas di darat, sapa'atna NABI HIDHIR, kasiatna boeah tea, anoe ngentjlong hedjo wĕning.
Kana tjai bisa asoep, ari djimat hidji deui, pasihan ti NABI ILJAS. nja eta raksoekan apti, kasiatna eta djimat, bisa ngapoeng ka wiati.
— 316 —