SANG AMPEL DENTA poepoetra, tjikalna MACHDOEM IBRAHIM, nja eta SOESOENAN BONANG, IBRAHIM kagoengan rai, MASEH MOEMAT wawangi, djěněnganana noe mashoer, SANG PANGERAN DARADJAT, tiloe deui poetra istri, noe tahidji nělah NJI GEDENG PANTJOERAN.
GEDENG MALAKA raina, ari anoe hidji deui, GEDENG TELOEKA nělahna, ti rama tĕrahing Nabi, ti iboe tĕrah Djawi, noe matak Toeban kawěngkoe, koe SANG SOESOENAN BONANG, sabab ti iboe mah waris, poetri Toeban poetrana ARIA TEDJA.
Djaba SOENAN AMPEL DENTA, aja deui tĕrah Nabi, SOEOENAN GIRI GADJAH, sadarah djeung SAJID KAMIL, pĕntjaran ti Měsir, MOLANA MASHOEDA Ratoe, MASHOEDA poepoetra, Pandita Paseh SJECH SIDIK, toeloej njěbrang ngajoegdjoeg ka Noesa Djawa.
Meunang poetri Balangbangan, tapi Pandita SJECH SIDIK, manahna henteu soegěma doemeh pamanggoeling nagri, masih agama kafir, toeloej ka Ratoe pioendjoek, soepaja kĕrsa Islam atoe bĕndoe liwat saking, Sang Pandita ditoendoeng ti Bangbangan.
Ngantoenkeun istri keur njiram, ana mědalna lalaki, loeng pitjeun ka sagara, ngangkleung ngambang moerangkalih, kair angin leutik, diajoen-ajoen koe aloen, geus kitoe takdi-llah, doemadak aja noe nanggih, koe boedjangna NJAI GĔDĔNG PINATIAN.
Istrina Sahbandar beunghar, baji dirorok diatik, diheman dia anak, BAGOES SAMOEDRA lalandi, mashoer ka manandi, taja noe bireuk teu wawoeh, poetra poeloeng Sahbandar, jap ageung moerangkalih, dihatoerkeun ka pasantren Ampei eta.
Disina ngadji di SOENAN, manahna SOENAN kabeulit, loeng ningali SAMOEDRA, boedak těměn hade boedi, PANGERAN BONANG asih, roentoet roekoen lir djeung doeloer, meh taja pisahna, moenggah haji bareng hadji, moelih hadji djaradi pandita.
-318-