Ari matoehna SAMOEDRA, di Sidajoe moeroek ngadji. pasantrenna Giri Gadjah, ngĕreh Balangbangan nagri, minangka ngalap waris, sarehing asalna iboe, poetri ti Balangbangan, djadi djalma noe ngaradji, taja anoe njisikoedi mapalangan.
Boh wirid ka SOENAN BONANG, boh ngadji ka SOENAN GIRI, taja noe ngahalang-halang, ngan aja papantjen nagri, tali ka Madjapait, pangwèngkoe noe masih koekoeh, nja eta koedoe seba, ka Sang Ratoe Madjapait, tah ngan eta tandana masih kapoerba.
Wali anoe katimeona, noe toenggal tĕrahing Nabi, SOENAN KOEDOES kakasihna, poetoe SOENAN AMPEL GADING, poetoe ti poetra istri, istrina SOESOENAN OENDOENG NJAI GĔDENG PANTJOERAN, ana poetraan lalaki, nja SOESOENAN KOEDOES Sang Ratoe Pandita.
Opat SOENAN KALI DJAGA, ieu ge toeroenan Nabi, roendajan ti KI SJECH ASWA, pantjer ti DJOEMADILKABIR, ASWA poepoetra SADIK, di Toeban djadi Toemenggoeng, djoedjoeloek ARJA TOEBAN, SADIK poepoetra lalaki, RADEN ARJA WILATIKTA kakasihna.
Sang Toemengggoeng WILATIKTA, nja poepoetra SOENAN KALI, RADEN ‘SAHID keur boerĕjna, kotjapkeun SOESOENAN KALI, keur masih moerangkalih nonoman tookang ngabĕroeng, ngarampog djeung ngabegal, sasab lampah sangli pikir, djalma djahat telĕngĕs taja rasrasan.
Kabĕneran hidji mangsa, RADEN SAHID manggih ridjki, aja djĕlĕma ngaliwat, gantjang ditewak koe SAHID, toeloej dipenta doeit, moen teu doeit koedoe oemoer, laboeh anoe ditewak, toeloej tjeurik ngĕrik ati, RADEN SAHID ambèk nanja ban njĕntak.
„Naha maneh ieu saha, aja lalaki bĕt tjeurik, tong hajanir dipikaroenja, sabab kami moal watir, tangtoe maneh dipeuntjit, gĕtih maneh rek dioejoep,” djawab anoe ditanja: ,,BONANG ngaran djisim koering, koering tjeurik lain malar dipiheman.
— 319 —