Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/388

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kalidjaga mashoer, kitoe deui noe tapa, toeloej kagĕntos wawang, keungĕ SAHID nĕan SOENAN KALIDJAGA.

Eta Wali anoe opat, SOENAN KOEDOES SOENAN KALI, SOENAN GIRI SOENAN BONANG, sa­ajana oge sami, beunang diang­gap asi, Wali Djawa noe imoe­noeng, sabab lahir di Djawa, toeloenan Djawa ti istri, sau­ajana kaasoep wali sasanga.

Salian eta noe opat, nja eta noe lima deui, sakabeh oge ti sabrang, nja eta MOELANA MAGRIB, SĔCH BETONG kĕloz deui, katloĕ SĔCH MADJAGUENG, kaopat LĔMAĔ ABANG, kaima SANG SOENAN DJATI, SOENAN DJATI ieu man lahir di Mĕkah.

Asmarandana

Kotjap deui SAJID KAMIL, geus kaloear ti sagara, ladjĕng ngadjoegdjoeg ka Ampel, no­noeng para wailoeilah, noedjoe pisan koempoelan, ari noe djadi loeloegoe, njeta SOENAN AMPEL DĔNTA.

RADEN PATAH oge hadir, noe teu aja ngan sa­oerang, ngan Dipati Tĕroeng bae, lantar­an ĕnggeus nga­woela, ka Radja BRA­WIDJAJA, diu­joengdoeng Dipati Tĕroeng, sakti taja noe mapada.

Koe SOESOENAN AMPEL GADING, sakabeh di­nagi tempat, djeung pada meunang papantjĕn, misilna SOESOENAN BONANG, dipiwarang di Toe­ban, koedoe miwoeroek mitotoer, iman to­hid ka Pangeran.

Sanggeus sakabeh kabagi, meunang tempat hidji sew­ang, para wali boedal kubah, noe kantoen ngan RADEN PATAH, oen­djĕoekan ka SANG SOENAN: „Noen goeroe anoe linochoe­ng, koemaha kintĕn-kintĕnna.

Saoepami Madjapait, koe oerang teh dipĕrangan, pam­brih lĕbĕt Isam kabeh, babakoena Maharadja?” sa­oer SANG AMPEL DĔNTA: „Hih, Radĕn oelah sok goegoep, goegoep teh sok mawa salah!

- 321 -