Tjeurik koe roemasa dosa, noker eta djoekoet leutik, nĕpi ka akarna pĕgat, djoekoet moal hiroep deui, koemaha ĕta koering, ngagantian njawa djoekoet, kana oemoer teu lĕbar, kana dloeit hĕnteu pambrih, kana doenja koering teu njaah teu hajang.
Toeh tingali beulah kentja, kapan ngampur ĕmas manik.” njaoer kitoe bari angkat, katingal koe RADEN SAHID, tjadas djoekoet djeung kai, leuweung djadi ĕmas hoeroeng, RADEN SAHID kemĕngan, ngahoelĕng teu eureun mikir, toeloej njaoer dina sadjĕroning manah.
„Aing gĕdĕ tĕmĕn dosa, ari djalma anoe tadi, asa teu sapira pisan, pilakadar djoekoet leutik, manehna moenggah tjeurik, aing mah dosa sagoenoeng, koe aing teu karasa, bĕnĕr aing djalma laip, noe dipambrih teu aja lian ngan doenja.
Ari djělĕma tadi mah, bĕt sok garampangeun teuing, naon sakahajang aja, teu soesah ngabegal maling, ieu hidji pepeling aing koedoe ganti lakoe, koedoe goeroe ka dinja, koe aing arek dioengsi, diteangan di mana ĕnggon tjitjingna.
Koe aing rĕk digoeroean, sabab njata djalma leuwih.” RADEN SAHID toeloej mangkat, neangan noe liwat tadi, kotjapkeun geus kapanggih, ka Bonang DEN SAHID tjoendoek, toeloej RADEN pĕrtobat, koe SOENAN BONANG katampi, dipiwarang tapa satahoen lilana.
Dipĕndĕm teu obah-obah, geus toetoeg dikĕdoek deui, toeloej ditibannan sjahdat, wawaton kalimah kalih, reudjeung be'atna deui, RADEN SAHID estoe toehoe, noeroetkeun sapiwoelang, pasrah pĕrtjaja ka moersid, taja karĕp ngan noeroetkeun piwarangan.
Dipiwarang deui tapa, njetra raga misit diri, koedoe ngidang leuleuweungan, satahoen teu meunang balik, geus toetoeg RADEN SAHID, dipiwarang meurtas laoet, ngoembar ka Malaka, djoemlah meunang tiloe sasih, sanggeus toetoeg toeloej ngadeuheus ka Bonang.
Tidinja toeloej tatapa, ebog dirĕ sisi tjai, noeroet oedjaring tjarita, nĕlah nĕpi ka kiwari, oeroet tapa DEN SAHID, lĕmboer.