Kalidjaga mashoer, kitoe deui noe tapa, toeloej kagĕntos wawangi, teungĕt SAHID nĕdan SOENAN KALIJAGA.
Eta Wali anoe opat, SOENAN KOEDOES SOENAN KALI, SOENAN GIRI SOENAN BOENANG, sadajana oge sami, beunang dianggap asi, Wali Djawa noe inmoemoeng, sabab lahir di Djawa, toeloenan Djawa ti istri, sadajana kaasoep wali sasanga.
Salian eta noe opat, nja eta noe lima deui, sakabeh oge ti sabrang, nja eta MOELANA MAGRIB, SJECH BETONG kioe deui, katlioe SJECH MADJAAGUENG, kaopat LĔMAI ABANG, kaima SANG SOENAN DJATI, SOENAN DJATI ieu man lahir di Mĕkah.
Asmarandana
Kotjap deui SAJID KAMIL, geus kaloear ti sagara, ladjĕng ngadjoegdjoeg ka Ampel, noenoeng para wali, oelah, noeojoe pisan koempoelan, ari noe djadi loeioegoe, njeta SOENAN AMPEL DĔNTA.
RADEN PATAH oge hadir, noe teu aja ngan saoerang, ngan Dipati Tĕroeng bae, diantaran ĕnggeus ngawoela, ka Radja BRAWIDJAJA, diojoengdoeng Dipati Tĕroeng, sakti taja noe mapada.
Koe SOESOENAN AMPEL GADING, sakabeh dibagi tĕmpat, djeung pada meunang papantjen, misilna SOESOENAN BONANG, dipiwarang di Toeban, koedoe miwoeroek mitotoer, iman tohid ka Pangeran.
Sanggeus sakabeh kabagi, meunang tĕmpat hidji sewangan, para wali boedal kubah, noe kantoen ngan RADEN PATAH, oendjoekan ka SANG SOENAN: "Noen goeroe anoe linoehoeng, koemaha kintĕn-kintĕnna."
Saoepami Madjapait, koe oerang teh dipĕrangan, pambrĕh lĕbĕt Islam kabeh, babakoena Maharadja?" saoer SANG AMPEL DĔNTA: "Hih, Raden oelah sok goĕgoep, goĕgoep teh sok mawa salah."