Oelah arek ngagagampil, kana saniskara lampah, nadjan siga loemajan ge, djalma teu kenging dihina, sok komo Maharadja, kapan mashoer Ratoe Agceng, boa agĕng istidjradna.
RADEN PATAH njaoer deui: "Noe mawi abdi hatoeran, rija eta maksad toemaros," ngalahir SANG AMPEL DĔNTA: "Soekoer kitoe nja manah, sareng Raden koedoe maphoem, ari Sang Radja teh rama."
Raden poetra Kangdjĕng Goesti, sanes poetra ti Palembang, keur iboe dipasihkeun teh, ka Sang Dipati Palembang, harita kakandoengan, doea sasih kirang-langkoeng, nja babar andjeun poetrana.
Beda sareng toeang rai, Adipati Tĕroeng tea, tah eta mah poetra toelen, poetra SANG ARIA DAMAR, ari hal awak Oedjang, ejang hĕnteu bisa noedjoem, koema piĕngkĕeunana.
Ngan ejang mere-wĕwĕling, moenggoeh bagdja djeung tjilaka, atawa pati djeung djodo, djalma taja noe oeninga, ngan oekoer kalangkangna, balĕbat samehmeh isoek, sakolepat sagĕbrajan.
Koemaha Oedjang di ahir, dimana ejang geus hilang, sing iman ka Allah bae, ejang pĕrtjĕtja ka Oedjang, neuleu karĕp djeung adat, Oedjang soeroep djadi ratoe, Radja Islam Poelo Djawa.
Radja Islam noe mimiti, noe ngalindih Radja Boeda, sarat koedoe sabar bae, ari lampah noe oetama, santri mah ngan miwoelang, los teangan boemi ajoe, tĕgal galagah maganda.
Tĕmpat noe kasona seurgit, aloes pĕikeun pamatoehan, hade keur tĕmpat pasantren, geura ka koelon nja leumpang, dimana ĕnggeus mĕndak, tanah mandala mahajoe, di dinja Oedjang bĕbĕtah.
Sanggeusna tampi wĕwĕling, RADEN PATAH toeloej angkat, noeroet pitoedoeh ka koelon, kotjap andjeunna geus mĕndak, tĕmpat seurgit kasona, teu pati djaoeh ti lĕmboer, deukeut ka dĕsa Bintara.