Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/392

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Di dinja ngadĕgkeun boemi, boeboeara ngababakan, geus kitoe ngjieun pasantren, djeung ngadĕgkeun djoema'ahan, sagala kadjadian, pasantrenna geus kamashoer, kawĕntar pasantren Dĕmak.

Tambah loba anoe ngoengsi, daratang miloe bĕbĕtaḥ, babakan téh tambah gĕde, beuki rame beuki djĕmbar, lĕmboer ma'moer rahardja, kaĕmper-ĕmper ka Ratoe, jen aja babakan anjar.

Sarta Radja geus tingali, jen babakan RADEN PATAH, beuki tambah gĕdé bae, manah Sang Radja tjoeriga, bok bilih RADEN PATAH, kagoenganeun manah giroĕk, niat rek ngalindih radja.

Sang Radja ĕnggeus tingali, jen eta titisanana, nja toeioej bae diraneh, maparin lante djeung bawat, minangka panjambatna, sarta didjoengdjoeng loenggoeh, nĕlâhna RANGGA BINTARA.

Kotjap deui SAJID KAMIL, harita meunang piwĕdjang, timbalan SANG SOENAN AMPEL: „He poetra HIDAJATOE'LLAH, meudjeuina geura loenta, djoegdjoeg Goenoeng Djati Sĕmboeng, geura takadjâr di dinja."

Toeloej angkat SAJID KAMIL, djalanna ngambah laoetan, teu lami andjeunna amprok, djeung anoe keur lalajaran, ngĕmintan lajon radja, sakabehna bangsa Hindoe, loeloegoena Arja Patya.

Pilahirna SAJID KAMIL: "Arandika koedoe Islam, koedoe njěmbah ka Jang Manon, maraneh teu koedoe rempan, lamun di ahir aja, oetoesan ti Kĕling njoesoel, kaoela anoe ngajonan."

Pada soedjoed orang Kĕling, sadaja geus ascep Islam, kabeh ngiring ka Tjirĕbon, bandoengarana diboerak, ciboearawa ka darat, geus nĕpi ka Goenoeng Sĕmboeng, ditjitjipta diganti roepa.

Nja djadi langgar patani, di Goenoeng Sĕmboeng ajana, kakotjapkeun di Tjirĕbon, SAJID tĕpang djeung oeana, HADJI ABDOELLAH IMAN, noe njandâk iboe kapoengkoer, toeloej pantjakaki heula.

- 322 -