Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/393

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 NJAI DALEM PAKOENGWATI, soemping djeung para poetrana, kitoe deui noe sanes ge, PANGERAN TJIEREBON GIRANG, KOEWOE TJIĔREBON aja, paca gĕmpoengan ngaroeng, moesawarahn njĕbar Islam.

 Boeahana beunang badami, anoe gantjang karaosna, koa Sang Padjadjaran Katong, tarasi oepĕti saat, Radja toeloej nimbalan, oetoesan noe koedoe njoektjroek, mapaj noe djadi lantaran.

 Sarta koedoe ati-ati, sakalian sing sadia, pakarang reudjeung parabot, bisi aja kapĕrloean, ngagoenakeun pakarang, boh aja bantjang pakewoeh, aja galagah kantjana.

 Kotjapkeun oetoesan tadi, ka Tjirĕbon geus meh datang, aja di Goenoeng Koromong, hatena kaget katjida, lantaran ningal tedja, mantjoer tina Goenoeng Sĕmboeng, goemawang di awang-awang.

Midjil

 Praoetoesan ĕnggeus toeroen deui, ti Goenoeng Koromong, ladjoe lampah ka Tjirĕbon kabeh, rek njidikkeun noe katingali, tjahja anoe tadi, noe ngagĕboer hoeroeng.

 Tina Goenoeng Patoehoenan sidik, kabeh pada bĕngong, doemeh tjahja anoe katingal teh, lain tedja boh katoembiri, tjahja SOENAN DJATI, anoe hoeroeng ngĕmpoer.

 Bala rea geus ditata baris, sĕdja rek ngorojoj, Goenoeng Sĕmboeng noe rek didjorag teh, patĕmpatan HIDAJAT SJARIF, barang geus narĕpi, kabeh pada loempoeh.

 Praoetoesan kabeh tobat bakti, ka Sang Wali kahot, sarta soempah taroh pati kabeh, asal bisa djaragdag deui, sapĕrti sasari, sĕdja oeloen soedjoed.

Saĕnggeusna matja klimah kalih, kabeh pada atoh, tina oedjoeg-oedjoeg waras bae, hĕnteu beda nadjan saeutik, sakoemaha tadi, basa meme loempoeh.

— 324 —