Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/394

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Kabeh pada saralin agami, tina Boedha kahot, iman Islam noe diparoehit teh, tina ĕnggeus pada jarakin, geus ngarasa boekti, basa eukeur loempoeh.

 Lami-lami SJECH MOLANA DJATI, njaoer para dongkol, ditimbalan maroelang sakabeh, ngatoeranan Sang Sri Narpati, djeung sakoela-wargi, ngagĕm elmoe Rasoel.

 Praoetoesan kabeh geus baralik, moelang ti Tjiĕrebon, geus datang ka Padjadjaran kabeh, pada marĕk ka Sri Narpati. oem-djoekan ka Adji, jen agama Rasoel.

 Moen dibanding djeung Boedha teh tĕbih. boekti noe karaos, noe geus poegoeh karasa koe maneh, barang datang ka Goenoeng Djati, mehmeh njorang pati, samemeh tawadjoeh.

 Saparantos ngoetjap klimah kalih, djadi salin raos, djagdjag deui sabihari bae, taja pisan oeroetna tadi, ngadak-ngadak leungit, noesma lĕsoe-loempoeh.

 Saĕnjana Sri Maha Narpati, geus aja djorodjoj, rek disalin agamanana teh, geus barĕmpoeg sakoela wargi, malah para mantri, kabeh sĕdja toemoet.

 Ngan kasaroe koe aja noe soemping, loeloehoer Sang Katong, toemorodjog sararoempingna teh, doeanana toeroen ti langit, sĕmoe roentik galih, mariksa ka Ratoe:

 „Nanaonan he ieu teh Adji, kawas noe dibodjong, djiga noe rek tilar nagri bae, ngarah naon anoet ka wali, saroea sok gĕring, djeung keuna koe poepoes."

 Kawas anoe kakoerangan boedi, naha eukeur naon, boga djimat poesaka noe aheng, nja ajeuna waktoena mĕrih, djimat tjoe-poe manik, tirta kamandanoe."

 Toeloej ngala njere laki hidji, song ka Sang Narpatos, ladjĕng moeka tjoe-poe manik bae, dioelĕsan koe Sri Narpati, saĕnggeusna lantis, ditĭjandak koe Ratoe.

— 325 —