Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/395

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Ditantjĕbkeun di tĕngah nagari, njere koe Sang Katong, barang tjĕb teh toeloej moesna bae, Maharadja saeusi poeri, leungit tanpa langkung, ngahĕang Sang Ratoe.

 Ari moengoeh para koela wargi, hĕnteu sapagodos, aja noe saparan-paran bae, malah rea noe tĕroes bakti, ka HIDAJAT SJARIF ngagĕm elmoe Rasoel.

 Djeung sawareh aja anoe ngoengsi, ka wetan ka koelon, kitoe deui ka kidoel ka kaler, pabarĕntjaj wargi Sang Adji, djeung sawareh deui, noe njoesoep ka goenoeng.

Dandanggoela.

 Kakotjapkeun Sang HIDAJAT SJARIF, masamoan djeung HADJI DZOELIMAN, anoe dibarĕmpakkeun teh, pasal rek ngajĕ ratoe, rek ngadjoengdjoeng HIDAJAT SJARIF, saoer HADJI DZOELIMAN: „Poetra mangga dangsoe, djalaraan Sang Padjadjaran, waktoe ieu parantos ngahĕang leungit, poetra djadi gĕntosna.

 Mangga poetra geura madĕg adji, geura tjĕpjĕng nagri toetoerosnan agamana oerang gĕntos, sing djadi kaom Rasoel, sina ngagĕm agama soetji, sakabeh sina Islam, sangkan teu kalangsoe, ari watĕsna nagara, Oedjoeng Koelon doemoegi ka Tjĭpamali, bawahan Padjadjaran.”

 SJECH MOLANA SJARIF njaoer aris: „Noehoen pisan sa-timbalan oea, moeng aja keneh kahojong, djalaraanana iboe, masih keneh aja di Mĕsir, koe poetra rek dipapag, margi bilih bĕndoe, sarĕng sadjabi ti eta, poetra bade djiaarah ka para nabi, mios ka Betalmoeqdas.”

 Kotjap deui Sang MOLANA DJATI, kĕrsa angkat djadjah pilĕmboeran, ngadjoegdjoeg oenggal pasantren, kĕrsana rek goeroe, njiar elmoe anoe oetami, nambahan kaoeninga, bab elmoe kawĕroeh, nja soemping ka hidji těmpat, pasantrenna PANGERAN MAQDOEM ARIFIN, SJARIF HIDAJAT waktja.

 Anoe matak andjeunna teh soemping, rek goegoeroe elmoe ka Pangeran, moeng PANGERAN MAQDOEM mogok, saoerna:

— 326 —