„Oelah běndoe, hěnteu lajak menggah di abdi, miwědjang ka gamparan, anggoer rek mioendjoek. manawi bahan katampa, kěrsa angkat ngoelon ti dieu Sang Wali, manawi aja bagdja.
Měmdak adjar noe goenawisakti, pandita noe satjidoehna njata, manawina kenging djodo," saoe SANG SJARIF: „Noehoen," henteu lila nja toeloej pamit. SJARIF HIDAJAT angkat, koelon noe didjoegdjoeg, kotjap KI AGENG BABADAN, noe keur bingoeng roentik galih reudjeung poesing, djaroelah mamanahan.
Ari pangna djadi roentik galih, tina sabab pěpělakanana. noe tadina ngemploh hedjo, ngadak-ngadak araloem, djadi kěri djoeng koeroenjiniti, daoenna djadi perang, tah koe sabab kitoe, KI AGENG kaloear lisan, saha² noe bisa moelihkeun deui, moelangkeun ka asalna.
Rek dipoeloeng manteo moen lalaki, moen awewe arek dipinanak, kitoe kaol KI AGENG teh, ari poetrena estoe, těgěs geulis kawanti-wanti, endah kabinabina, matak giloeng landjoeng, sakoer nonoman noe ningai, taja hidji noe teu kairoet katarik, koe roepa NJI BABADAN.
Hěnteu lami SANG HIDAJAT soemping, djoeng ningali kana pěpělakan, kabeh geus arek paraeh. MOLANA DJATI njaoer tjek manahna: „Karoenja teuing, na ieu pěpělakan, mana aloem ngoedjoeng, tijik arek disare'atan, soegan bisa poeiih deui sabihari, karoenja ka noe boga."
Katjarita hěnteu lami deui, pěpělakan ngadak-ngadak tjenghar, hedjo lemoe kdjadian teh, roepana wroewoe moeloes, ngaleuwihan tina sasari, kotjapkeun SANG BABADAN, parantos ngadangoe. tina eta kadjadjan, ladjěng bae moeroe SANG HIDAJAT SJARIF, ngahafoerkeun pěrsětja.
Pilahirna: „Doeh adoeh Sang Wali. djisim abdi poen AGENG BABADAN, hatoer noehoen laksa keten, adjengan loentoer kalboe, tawis asih ka para ahdi anoe kenging njotoeba, ti Goesti Jang Agoeng, nja djisim abdi sipatna. noe keur roengsing djalaran seeuer kapoesing, ajeunna ditoeloengan.