Sakoemaha kabingahan ati, kaoeninga meureun koe adjengan, malesna kedah koe naon, djisim abdi saestoe, djabi diri teu aja deui, kagadoeh teh ngan anak, soemedja kahatoer, etang-etang panadaren, kanggo tawis geus nampi piasih Wali, mangga geura pigarwa."
Koe MOLANA DJATI geus ditampi, pangbaktina KI AGENG BABADAN, sarta toeloej nikah bae. sanggeusna nambekem, Nji Babadan ditjandak moelih, koe SANG SJARIF HIDAJAT, ngoengsi Goenoeng Semboeng, nja harita mimiti. SJECH HIDAJAT SJARIF kagoenganeun istri, awit NJIMAS BABADAN.
Sanggeus lami djoel aja noe somping, ngadoehuasan ka Goenoeng Amparan, hatoeran ka Walijoelloh. pandita noe geus masoer, dipiwelĕi-asih koe dialmi, PANGERAN KARANG KENDAL, teu lami mioendjoek. saerna: „Doeh Sang Molana, na koe naon henteu geura madĕg adji, naon noe diantosan.
Padjadjaran kapar prantos leungit, mangga rai geura madĕg radja. hawatos karaton kosong. sareng pisanor sĕmeh, henteu sae menggah nagari, taia noe ngamodĕina, bilih matak kesĕet, matak baroentak nagara, eta kitoe margina noe mawi rai, kedah madĕg nalendra.
Sanoepami rai ngadĕg adji, djadi gampil moen rek noemnĕs Boedha, sangkan sadaiana gĕntos. ngagĕm agama RosoeI. elmoe soetji anoe sadiati. nĕbar agama Islam. sawoengkon kadatĕn. Mesĕm lĕĕh SANG MOLANA. njaoer aris: „Teu wĕrat menggahing rai, kedah kang raka heula.
Gampil rai enĕka anoe miring, koe emoetan da kitoe pantěsna, teu see kokolot bĕgoe. miheulĕon ka sĕnoeh, kakang ore tĕantos tingali." PANGERAN KARANG KENDAL, njaoer sĕmoe henteu doe: „Moen kakang tiekan sarat mah. moal kantos ngadjoedjoedjoeroeng ka kang rai, 'mo sĕsah ngadoehuasan.
Ngan ieu mah tawis sisij dirĕi, hadan to'na kirang pasarat'an, anoe mawi ngadoehoeran ge." Pangeran amit mendoer. henteu lila dioenĕ bae moelih. moelang ka Karang Kendal ganti noe ditjatoer, aja istri anoe dongkan, tĕdak radja ti Mĕsir bade babakti, ka SJECH SJARIF HIDAJAT.