Ari pangna eta istri soenr.ping, koe lantaran ningali tjahaja, noe katembong matak helok. ngagĕboer hoeroeng mantioer. katingali ti dajeuli Mesir, toeloej bae dipapaj, nĕpi ka katimoe, koe tan tjahja Walijoellah, anoe matak eta istri toeloej bakti, djariah dipigarwa.
Saoer SOENAN GOENOENG DJATI aris: „Ditarima pangbakti andika. asal masing sabar bae, lantaran koedoe noenggoe, nĕpi kana djaman di ahir, waktoena di aherat karek bisa tjampoer. ari ajeuna wajahna ngan saoekoer rek didjieun baboe kami, kitoe ge moen narima."
Djawab eta istri: „Adoeh Goesti, noehoen pisan pangbakti katoean abdi sangĕt bingah hate, maksoed henteu nalapoeng, pangabakti prantos ditampi, kaliajang geus kasorang, rewoe laksa noehoen. sĕsah narimakeunana, sadjabina toemoet ka kĕrsa Sang Wali, kana ngababoe tea."
Eta istri sanggeusna katampi. toeloej matoeh saboemi di dinja, teu beda lir djeung saderek, getol rroeroek niitoetoer, ka awewe djeung ka lalaki, mashoer djenenganana nelah BABOE DĔMPOEL, ganti kotjap SANG MOLANA kersana rek mapagkeun iboe ka Mesir, toeloej angkat njalira.
Barang soemping ka Baniisrail, dibaroeroe koe koelawargina banget pada mikasono. dawoehan wakil Ratoe: ..He kang poetra soemangga tampi, geura njĕpĕng nagara, loenggoeh djĕneng ratoe margi paman geus teu kiat, mapan tangtos koe kang poetra katingali, sakieu kakolotan.”
SANG MOLANA toeloej njaoer aris: „Moegi rama oelah alit manah, rehing poetra tatjan hojong kana mangkoe kadatoen mapan eta aja poen adi, mangga NOEROE’LLAH angkat, siria djĕnĕng ratoe, da henteu aia bentenna. NOEROE'LLAH ge sami pada gadoeh waris, gadoeh hak djadi radja."
Radja OENQAH henteu raos galih, kitoe deui manahna SJARIFAH, kalangkoeng gĕgĕtoenna teh tatapi henteu loepoet, ngangkat RADJA NOEROE’LLAH SJARIF ĕnggens djadi nalendra, djeung mangkoe kadatoean hĕnteu aja koetjiwana anoe ngaping iboe SJARIFAH MOEDA'IM, tĕtĕp-tĕngtrĕm ngaradja.
- 829 -