Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/399

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

S i n o m.

 Kakotjapkeun SANG MOLANA, angkat ka Betalmoeqaddis, ilira teu njandak rentjang, kersana bade sĕmedi, di tĕmpat sepi, noe kasĕbat goeha wahjoe, tilas Djĕng NABI MOESA, wahjoe Maha Soetji, oeng-gah harkat kana pangkat kadjadian.

 Barang SANG SJARIF HIDAJAT, geus toetoep moedja sĕmedi, gĕro aja noe njoara, pokna: „He MOLANA DJATI, poma sing ati-ati, njĕbarkeun agama Rasoel, sa-Djawa sing walatra, tjoeltjil hidjî-hîdji, entong sieun salianna koe Pangeran.”

 Sanggeus tamat noe miwedjang, SOENAN DJATI toeloej bil, gok tĕpang djeung noe pĕrsĕtya, poetrana Ratoe Qabĕti, djĕnengan ABDOE’LKAFI, niatna bade goegoeroe, baktina ditarima, djenenganana diganti, di Tjirebon katelah GĚDĚNG GĚDOGAN.

 Sanggeus nampi noe pĕrsĕtya, SOENAN DJATI angkat deui, madjoe ka nagri Madinah, rek amitan ka Djeng Nabi, malah nu koengsi lami, geus aja soara njĕloek, soara noe miwĕdjang, Na gaib noe ngawangsit, noe miwoeroek ka SJARIF HIDAJATOE’LLAH.

 Pokna; „He HIDAJATOE’LLAH, moen awak djadi narpati, tjoean arek sarakah, ngamilik noe lain waris, oelah rek hajang iwih, rĕrĕboet bagian batoer, heroj koe anoe lian, katadji milik e leutik, bisi jpatak njasabkeun kana pikiran.”

 Satoetasna toeloej angkat, ka Djohor HIDAJAT SJARIF, pandak djeung hidji djalma, noe rek bakti ka Sang Wali, nganna ABDOE’LRAHIM, malah toeloej ngangkĕn goeroe, ngiring mana-mana, ngagoendal ka SOENAN DJATI, malah nepi bawahan nagri Tjina.

 Desa Moendjoel katĕlahna, pasisian tepis wiring, toeloej ngalar agama, di dinjana rada lami, malah kantos Sang Wali, djenganana kamashoer, sohor ka mana-mana, paradji goena wikti, doekoen lepoes adjar noe goena wisesa.

— 330 —