Doemoegi ka Radja Tjina, geus ngadangoeëun pawarti, aja djorodjoj rek njoba, ngaboektikeun anoe watjis, disina nĕgoeh poetri, MOLANA toeloej disaoer, barang geus ngadeuheusan, Radja Tjina njaoer aris: „He Olia pangnĕgoehkeun anak koela.
Naha reuheuhna ĕnjaan, eta Nji Poetri ANJONTIN (?), moen katorah koe sampean, njata andika lineuwih, tapi sing ati-ati, lamoen Poetri teu kategoeh, andika koedoe loenta, kaloear ti ieu nagri, sabab koela teu soeka ka panipoean.”
Dawoehan SJARIF HIDAJAT: ,,Moegi oelah rengat galih, sajaktosna toeang poetra, Sang Radjapoetri ANJONTIN, kĕrsaning Mahasoetji, keur aja anoe dikandoeng.” Radja Tjina ngandika, ngagoemoedjĕngkeun SANG SJARIF, pisaoerna: ,,He maneh pandita dora.
Adjar noe ngarah roeroeba. paradji noe malar sadji. hajoh ma neh geura njingkah. bisi tjilaka nja diri. lamoen maneh teu ngarti, eta Poetri lain boesoeng, soemawon moen reuneuh mah. tapi ditangsel koe samping, anoe matak djiga anoe kakandoengan."
Walonna SJARIF HIDAJAT: .,Pilahir Goesti katampi, moen abdi Goesti geus njingkah, koe Goesti bakal kagalih ngandoengna bakal boekti, Goesti baris kenging ewoeh.” SANG SJARIF toeloej angkat, geus kaloear ti nagari, katjatoerkeun NJI POETRI ANJONTIN tea.
Barang arek ditjoetjoelan reuwas manahna Nji Poetri samping tangsel geus teu aja, lamboet kĕmpleng djadi ngeusi, ANJONTIN dengĕk nangis, ngarawoe tekoe Sang Ratoe, malah moenggah lĕslĕsan, lali meh tega ka pati, ari Radja manahna bengong noe aja.
Tina bawaning teu njana, baris pikitoeëun Poetri. tapi dalah dikoemaha, tina bakating koe isin manah Sang Radja sabil, toekoeh ngoekoehan panĕmoe, kana adat di Tjina, moen awewe tatjan kawin, kakandoengan dina djero lalagasan.
Sok tara pajoe lakian komo ieu mah Nji Poetri. keur parawan poetra Radja, woewoeh lingsĕmna Sang Adji andjeunna njaoer mantri, anoe kadeuheus koe Ratoe, malah masih wargina, sipat rama Njai Poetri, rek ditjandak moepakat pasal poetrana.
- 331 -