Saengeusna Mantri datang Sang Radja pok njaoer aris, ngadadarkeun kĕrĕsana, ngalajarkeun Njai Poetri, disarengan prawargi, istri-pamĕgĕt noe sepoeh, Sang Radja pok ngandika ka Njai Poetri ANJONTIN; „Didoengakeun Eulis moegia wanoja,
Oelah meunang pantja baja, masing walagri nja deui, poma rek aral soebaba djeung amamere mangarti, perkara djalan Eulis, toeroetkeun aloen parahoe, lĕbah mana njangsangna, tah di dinja diri Njai, bakal aja anoe mihoekoem ka awak.
Djig anjeuna geura iang, meudjeuhna indit geus penting.” Nji Poetri sapangiringna, geus narepi ka basisir taaroenggang parahoe anoe geus ngantjlang di tĕngah laoet teu poegoeh noe disedja, noeroetkeun panebak angin, ganti tjatoer kotjap SANG HIDAJATTOE’LLAH.
Moelihna ti nagri Tjina, ngadjoegdjoeg ka Banisrail, goenĕm tiatoer djeuner iboena, pedah rek dîtjandak moelih, ka bali geusan djadî, Poelo Djawa noe didjoegdjoeg, djeung moendoet bĕdil ĕmas, katoet tĕtĕkĕn noer'adim, djimat slawat Nabi oge rek ditjandak.
Moenggroehing RADJA NOEROE’LLAH, kalangkoeng loemoengsoer galih, taja kaheseanana, pisaoerna: "Mangga teuing, sanaosna nagari, abdi teu ngagadoeh-gadoeh, soemawon noe kitoe mah, dalah diri pĕribadi, sadajana kapan kagoengan djĕng raka”
Kotjapkeun bae enggalna, SOENAN DJATI ĕnggeus moelih, doeaan sareng iboena, teu njandak rentjang sahidji, kotjapkeun enggeus tepi, ka tempat goeroe linoehoeng, pandita noe waspada patapan Goenoeng Soerandil, Radja LAOET oge di dinja geus njampak.
Rek ngiring ka Noesa Djawa, njarĕngan MOLANA DJATI, malah geus diangken warga, lir saderek pĕt koe hinis, enggalna noe digoerit, geus pada ngantjlang di laoet, sami taroenggang kapal, kotjap tepi ka basisir, ka Moeara Djati di basisir Djawa.
Barang soemping ka Moeara, SJARIF HIDAJAT ningali, aja parahoe noe datang, njampeurkeun ka SOENAN DJATI, sanggeus parahoe tepi, anoe toempakna taroeroen. Nji Poetri hĕnteu samar, ningali ka SOENAN DJATI, anoe nĕgoeh jen ANJONTIN kakandoengan.
— 882 —