Poetri ANJONTIN pĕrsatya, ka MOLANA GOENOENG DJATI, ngarawoe kana tèkoena ,djeung mihatoer lĕngas-lĕngis, nĕda piwēlas Wali, rahajoe anoe dipoedoet, marga djalan waloeja, malar salamĕt nja diri, bebeakan N ji Poetri moendoet ditoembal.
SOENAN DJATI welas manah, Nji Poetri toeloej diwisik, ditibanan kaislaman, diwëdjang kalimah kalih, dadaK sakala poetri, damang lamboetna teu boesoeng, sindjang panangsëi tea, aloedaran hidji-hidji, lamboet kĕmpleng damang teu sakara-kara.
Enggalna HIDAJATOE’LLAH, katoet sadaja noe ngiring njatjat ka Goenoeng Amparan, diobeng pamĕgĕt-istri, anoe sami moemoedji, kana kawasa Jang Agoeng, moenggoehing praistrina, saim goeroe ka MOEDA’IM, ngalap hibar bérëkaiina DALEM SATANG.
Diparapag koe sadaja, BABOE DĔMPOEL, GĔDENG DJATI, RAKAPANAS, PANGOERAGAN, nja kitoe MAS PAKOENGWATI, ganti anoe digoerit, kotjap sahidji toemënggoang, ADIPATI TjANGKOEANG, diiring koe hidji patih, ngalalakon lalajaran di sagara.
Geus mangpirang-pirang boelan, Sang Dipati di djaladri, keur aja noe diteangan, doemeh aja noe wawangsit, dina sadjero ngimpi, jen koedoe lajar di laoet, dilitah njiar hoerang, sajodo ewesalaki, sabab tjarek pitoetoer impenanana.
Lamoen andjeun hajang moelja, ti dohir nëpi ka batin, seug ajeuna geura loenta, toeroetkeun papatah kami, geura lajar di tjai, andjeun tangtoe pandjang oemoer, moal keuna koe wapat, lamoen tatjan aki-aki, tapi koedoe neangan hoerang sapasang.
Bikangna reudjeung djaloena, poma sing tĕpi ka manggih, tah kitoe eta sababna, noe matak Sang Adipati, loenta tilar nagari, angkleung-angkleungan di laoet, kadoea djeung patihna, KI ARIA PATIH GERING, hidji mangsa kabënêran Walijoellah.
Dipareng loentoer manahna, angkat ka sisi basîsir, mëndak DIPATI TJANGKOEANG, SOENAN DJATI pok ngalahir: „He Sang Adiputi, andjeun oelah rek kaliroe, moenggoehing wangsit tea, hoerang sapasang sajakti, enjana mah hoerang djaloe teli nja koela.