Ari harti hoerang bikang, nja baboe kami pribadi, BABOE DĔMPOEL noe sanjata, poma andjeun masing ngarti, oelah rek salah harti, ajeuna koe sabab kitoe, koemaha nja pikiran,koe sabab ĕnggeus papanggih, naha andjeun rek asoep agama Islam?
Andjeun oelah salah paham, sabab sabĕnĕrna wangsit, nitah ngoetjapkeun sahadat, tandana Islam sadjati, enggalna Sang Dipati, geus ngagĕm agama Rasoel, kitoe deui Patihna, katoet saeusi nagari, sa-Tjangkoeang sami anoet sadaj ana.
Toeloej ngiring Walijoellali, ka Goenoeng* Amparan Djati, tĕmpat miwoeroek agama, babaran elmoe sadjati, lami-lami Sang Wali, ngĕrsakeun rek angkat djaoeh, angkat ka Padjadjaran, kĕrsana bade ngaloris, kaajaaunagara titilar ejang.
Angkatna Wali njaiira, teu njandak rentjang sahidji, soempingna ka Padjadjaran, kota soewoeng ĕnggeus sĕpi, karaton tiis djempling, teu aja anoe loemantoeng, eusina moeng saoerang, poetri poetrana Djĕng Goesti, KAW OENG ANTÈN N ji Poetri djĕnenganana.
Koe SOENAN DJATI ditjandak, ka Goenoeng Amparan moelih, KAWOENG ANTEN geus papendak, djeung rakana Sang Dipati, Tjangkoeang panagari, rai-raka bingah kalboe, sami medal tjisotja, awahing sonona leuwih, SOENAN DJATI ngalahir ka Sang Dipatya.
„Kakang Dipati Tjangkoeang, naha kakang sapoek galih, oepami roedjoek djinisna, bade njoehoenkeun Nji Poetri, KA WOENG ANTÉN kang rai, koe koering rek dipihoekoem.” Sang Dipati Tjangkoeang, sangĕt rĕnaning panggalih, pilahirna: „Doeh Goesti atoeh soemangga.”
Kotjapkeun bae enggalna, geus prak nikah Soenan Djati djeung KAWOENG ANTEN rendengan, katjatoer lami ti lami, geus ngawedalkeun baji, doea poetrana maroeloes, pamĕget anoe tjikal, katĕlahna SEBAKINGKIN , noe kadoea RATOE WINAHON nĕlahna.
Anoe njĕbarkeun toeroenan, pa'ra Soeltan Banten nagri, kotjap dina hidji mangsa, aja moesoeh koelit poetihi ngadon