Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/404

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 randjah nagri, ngagoejoerkeun oerang lĕmboer, ngadadak hoeroe-hara, djalma enggeus balawiri, PATIH KĔLING katjida reuwaseunana.

 Maroekan moesoeh noe datang, ti Kĕling rek nangkĕp Patih, doemeh Patya teu satia, teu nohonan kĕrsa Goesti. ngarĕmpak tjĕgah nagri, teu toemoet ka saoer Ratoe, Patih ĕnggeus sadia, tatan-tatan gĕlar baris, njadiakeun bĕdil katoet djeung obatna.

 Malah katoet Sang PANGERAN TJIREBON geus tata baris, djol Sang Dipati Tjangkoeang, ngemoetan jen oelah lali, nganggo djimat nagari, poesaka panoelak moesoeh, enggalna geus dipasang, sakidoeleun Goenoeng Djati, moelĕk moebĕk kaloear haseup ratjoenna.

 Moesoeh-moesoeh hĕnteu tahan, sakabeh pating bĕlĕtjir, teu koeateun ngambeu obat, loba noe nĕmahan pati, sawareh mah garĕring, tina teu tahan koe ratjoen, loba pisan noe pajah, toetoej balik ka basisir, boeroe-boeroe aroenggah kana kapalna.

Asmarandana

 Ganti kotjap noe kawarti, aja sahidji pandita nembe soemping ka Tjirebon, asalna. ti nagri Bagdad, poetrana Sri Nalendra, AMIR HOED anoe kamashoer, pĕrnah misan SANG HIDAJAT.

 Noemawi tilar nagari, ngadjoegdjoeg ka Poelo Djawa, dibĕndoean koe Sang Katong, sok nganteur karĕp sorangan teu tegoeh ka panjĕgah, anak andjing diingoe, ngalanggar panjĕgah sjara.

 Djĕnĕnganana noe sidik, SJECH ABDOERAHMAN BAGĚDAD, noe katĕlah di Tjirĕbon, PANGERAN PANDJOENAN tea, noe kongas gagah rongkah, wĕdoek teu ngagehan batoer, sakti poendjoel ti sasama.

 Ari angkatna ti Mesir, kadoea djeung saderekna, anoe nĕmbe mangkat baleg, djĕnĕngan SITI BAGĚDAD, djeung wargina saoerang, pangeran noe di Wilangoen, djeung Palalangon tĕmpatna.

— 335 —